Lompat ke isi

Ngafirkeun Ahlul Qiblah

Ti wikishia
Pikeun pamakéan séjén, tingali takfir (ambiguasi).

Takfir Ahlul Qiblah atawa ngafirkeun umat islam hartina nuduh kafir ka saurang atawa sakelompok muslim ku sababaraha muslim anu séjén, anu bisa ngakibatkeun saperti dihalalkeunna maéhan jeung nyita harta jalma anu dikafirkeun. Wahabi dina ajaran-ajaran saperti tauhid, ziarah, jeung tawassul boga pamahaman anu husus, sarta alatan éta maranéhna ngafirkeun muslim anu béda pamadegan, hususna Syiah.

Seueur ulama Islam nganggap wates antara Islam jeung kafir téh nyaéta ngucapkeun dua kalimah syahadat, sarta henteu ngabulkeun ngafirkeun panganut mazhab Islam. Tapi, sapanjang sajarah Islam, aya waé sababaraha muslim anu ngafirkeun panganut mazhab anu béda ti maranéhna. Ngafirkeun Imam Ali AS dina kajadian tahkim ku Khawarij, jeung ngafirkeun ahli riddah dina mangsa Khalifah Kahiji, mangrupa conto mimiti ngafirkeun ahlul qiblah. Sanggeus éta, pamikiran ieu terus aya di kalangan panganut mazhab Islam, sarta loba jalma anu tiwas alatan éta.

Sanajan kitu, ngafirkeun téh henteu ngan ukur ka mazhab-mazhab séjén, tapi kadang-kadang sababaraha fuqaha, filsuf, jeung sufi ogé dikafirkeun ku batur sapahamna sorangan. Salian ti éta, dina fitnah khalqul Quran, pendukung téori khalq (ciptaan) jeung qadim (kekal) Quran, anu duanana ti kalangan Ahlus Sunnah, silih ngafirkeun nu séjénna.  

Sanggeus Wahabi muncul, ngafirkeun ahlul qiblah beuki nyebar. Ogé, dina pangaruh pamikiran Wahabi jeung ku dukungan maranéhna, muncul grup-grup saperti ISIS anu ngafirkeun muslim, hususna ka Syiah.

Ngeunaan takfir, aya loba karya tulis anu lolobana fokus kana kritik kana pamikiran ieu. Salian ti éta, aya ogé seminar-seminar anu ngritik takfir jeung aliran-aliran takfiri.

Ajén jeung Kedudukanna

Takfir mangrupa topik fikih jeung kalam anu dina sajarah Islam sok ngabalukarkeun getih jeung harta Muslim téh mubah jeung halal, lantaran dituduh kafir. Hal ieu nyababkeun perang, jalma-jalma tiwas, jeung loba anu jadi teu boga bumi. [1]

Salian ti éta, alatan ngafirkeun ieu ogé sababaraha tempat suci jeung wangunan anu dihormat ku umat Islam tangtu geus ancur.[2] Dina abad-abad anyar, pamikiran takfiri beuki nyebar sarta loba muslim ditakfirkeun ku panganut pamikiran ieu. Ku alatan éta, diskusi ngeunaan takfir beuki ramé, aya buku-buku anu ditulis[3] jeung loba seminar anu diayakeun pikeun ngabahas ieu masalah.

Pamahaman Konsep jeung Klasifikasina

Takfir hartina nyebutkeun saurang muslim téh kafir[4] atawa nuduh ahlul qiblah kafir.[5] Kafir sorangan dibagi jadi dua dumasar fiqih jeung aqidah, anu masing-masing boga akibat sorangan lamun ditimpalkeun ka saurang muslim:

  • Kufur Fikih atawa Lahiriah hartina kaluar tina agama Islam. Ku kituna, Muslim anu geus jadi kafir sacara fikih bakal diperlakukeun sapertos kafir
  • Kufur I'tiqadi atau Batiniah: Hartina kaluar tina iman, sanés tina Islam. Ku kituna, Muslim anu dianggap kufur i'tiqadi tetep diperlakukeun salaku Muslim, teu sapertos kafir. Ibaratna munafik, anu lahiriahna Muslim tapi teu boga iman."[6]

Numutkeun Imam Khomeini, riwayat-riwayat dina sababaraha sumber Syiah anu nunjukkeun kafirna pihak anu béda mazhab, upami ditampi, ngan ukur nujul kana kufur i'tiqadi.[7]

Larangan Ngafirkeun Ahlul Qiblah

Numutkeun fatwa fuqaha ulama mazhab Islam, ngafirkeun Ahlul Qiblah teu dihalalkeun. Malah nuduh muslim kafir tanpa dalil bisa dikenakeun hukuman ta'zir.[8]

Para ahli fiqih percaya yén wates antara kafir jeung muslim téh nyaéta ngucapkeun dua kalimah syahadat sarta percaya kana hari akhir (ma'ad). [9] Ku alatan éta, sanajan aya sababaraha ajaran sesat ti golongan tangtu, para fuqaha tetep nolak pikeun ngafirkeun panganutna.[10]

Sajarah Takfir

Ajaran ngeunaan ngafirkeun sesama muslim (ahlul qiblah) mimiti muncul dina abad kahiji Hijriyah, sanggeus wafatna Nabi Muhammad SAW. Dina mangsa Khalifah Abu Bakar, aya sababaraha kelompok muslim anu nentang kakhalifahanna, terus dituduh kafir jeung murtad, nu ahirna ngabalukarkeun Perang Riddah.[11]

Numutkeun Rasul Jafarian (ahli sajarah Islam, lahir taun 1964 Masehi), di antara kelompok riddah aya saperti Malik bin Nuwairah - anu tetep ngalaksanakeun salat tapi nolak kakhalifahan Abu Bakar sarta miharep pamaréntahan Ahlul Bait Nabi SAW.[12] Ku alatan nolak mayar zakat ka pamaréntah waktu éta, maranéhna dilabél murtad jeun kafir, tuluy dipaehan. [13]

Dina mangsa [[pamaréntahan Imam Ali AS]] , golongan Khawarij ngatakfirkeun Anjeunna kusabab narima tahkim (hakamiyat).[14] Ku sabab éta, maranéhna nolak nulungan Imam nuluykeun perang jeung Muawiyah bin Abi Sufyan.[15] Tuluy maranéhna ngamimitian Perang Nahrawan ngalawan Anjeunna.[16]

Numutkeun Jafar Subhani (salah sahiji marja taqlid Syiah, lahir taun 1929 Masehi) dina bukuna "Bahuts fil Milal wan Nihal", dina kasus fitnah Khalqul Qur'an, dua kelompok Ahlus Sunnah anu beda pamadegan ngeunaan khalq (ciptaan) jeung qidam (kekalna) Al-Qur'an silih takfir.[17]

Saprak harita, terus aya kelompok-kelompok muslim anu dikafirkeun ku batur sapahamna sorangan. Dina abad-abad anyar, kalayan sumebarna pamikiran Salafi jeung Wahabi, muslim (utamana Syiah) sering dikafirkeun ku panganut pamikiran ieu.

Motif-motifna

Ngafirkeun umat islam dilakonan ku sababaraha motif, di antarana:

  • Pamahaman anu Nyimpang jeung interpretasi anu teu puguh tina Ajaran Agama: Golongan Khawarij boga pamahaman anu salah tina ayat "Inil hukmu illâ lillâh" sarta ngagungkeun slogan "Lâ hukma illâ lillâh" (euweuh hukum iwal ti hukum Allah). protés kana kajadian tahkim dina Perang Shiffin sarta nganggap Imam Ali AS kafir.[18] Ogé kaum Wahabi, ku interpretasi khusus ngeunaan tauhid, syirik, ziarah, tabarruk, jeung tawassul, sering ngafirkeun umat Islam, khususna Syiah.[19] Muhammad bin Abdul Wahhab, pangadeg Wahabi (w. 1206 H), lantaran jalma-jalma éta ngajadikeun para nabi jeung jalma soleh minangka wasilah pikeun taqarrub (ngadeukeutan) ka Allah jeung panyelamet (syafa’at), anjeunna nganggap getih maranéhna halal sarta maehan maranéhna éta dianggep sah.[20]
  • Kayakinan Aqidah: Kaum Khawarij ngafirkeun muslim anu ngalakukeun dosa gedé.[21] Maranéhna ngagunakeun ayat "Wa man lam yahkum bimā anzalal-Lāhu fa ulā’ika humul-kāfirūn"[22] pikeun dasaran ngafirkeun nu ngalakukeun dosa badag.[23] Tapi, numutkeun mayoritas muslim, ngalakukeun dosa badag ngan ngaleungitkeun iman, lain islam, jadi pelakuna dianggap fasik, lain kafir.[24]Dina kasus fitnah Khalqul Quran, Abu Hasan Al-Asy'ari[25] jeung Ahmad bin Hanbal[26] ngafirkeun golongan Mu'tazilah anu nyebut Quran téh makhluk, sedengkeun Mu'tazilah sorangan ngafirkeun nu nyebut Quran téh qadim (teu diciptakeun).[27] Dina hadits Syiah, golongan Ghulat (nu ngaleuwihan dina ngagungkeun para Imam Maksum as jeung aliran Mufawwidhah (nu nyebatkeun Allah téh ngalimpahkeun kakawasaan ka para Imam) ogé dianggap kafir.[28]
  • Fanatisme Mazhab: Numutkeun laporan sajarah, dina sababaraha période, penganut mazhab Islam saling ngafirkeun. Contona, dina abad ka-8 Hijriyah, penganut Ahlus Sunnah ngafirkeun kaum Hanabilah alatan kalakuan Ibnu Taimiyah, sedengkeun Ibnu Hatim al-Hanbali ngafirkeun sakabéh muslim (nu lain Hanabilah).[29] Ogé aya praktik saling ngafirkeun antara penganut Ahlus Sunnah jeung Syiah. Ibnu Jibrin, mufti Wahabi, ngafirkeun Syiah ku cara ngalepatkeun kayakinan maranéhna saperti nganggap tahrif Al-Quran (Al-Quran geus dirobah), nganggap sahabat mayoritas kafir, nganggap Ahlus Sunnah najis jeung kafir, jeung ngaleuwihan batas dina ngagungkeun Imam Ali AS jeung turunanana.[30]Nanging, Syiah sorangan teu boga kayakinan kitu. [Butuh referensi] Mayoritas ulama Syiah jeung Ahlus Sunnah sapuk yén penganut mazhab lian téh lain kafir.[31] Upama aya dalil Syiah anu nyebut kafir, éta dimaksudkeun pikeun "kafir i'tiqadi" (kafir alatan kayakinan), lain kafir sacara mutlakaca[32]
  • Pembahasan Irfan jeung Filsafat: Sababaraha ulama Islam ngafirkeun para filsuf jeung urafa. Contona, Imam Al-Ghazali dina bukuna Tahafut al-Falasifah ngafirkeun para filsuf.[33] Numutkeun catetan Syékh Muhammad Baqir Khansari (wafat 1313 H), aya sababaraha ulama fiqih anu nganggap Mulla Sadra kafir lantaran sababaraha pamadeganna dianggap bertentangan jeung syariat Islam.[34]

Aya ogé faktor séjén anu nyababkeun panyebaran paham takfir, saperti provokasi pamaréntah pikeun ngajaga kakawasaanana, sarta réncana-réncana musuh Islam pikeun ngabingungkeun umat. [35]

Akibat-Akibatna

Ngafirkeun ahlul qiblah (sesama muslim) boga sababaraha akibat, di antarana:

  • Pembunuhan Umat Islam: Sapanjang sajarah Islam, loba muslim anu tiwas alatan dituduh kafir.
  • Ngaruksak Sajarah jeung Tempat Suci: Kaum Wahabi geus ngancurkeun situs-situs bersejarah jeung tempat-tempat dimulyakeun umat Islam, kayaning makam para Imam di Baqi' jeung tempat-tempat suci lianna, alasanana pikeun "ngaberesihan syirik".
  • Némbongkeun citra Islam salaku Agama Kasar ka dunya: Laku lampah kelompok takfiri anu ngaku atas nama Islam, nyababkeun pihak nu ngabenci Islam nganggap agama ieu téh agama anu kasar.[36]

Ngafirkeun ogé nyababkeun Pemberontakan bersenjata ngalawan pamaréntahan Islam sarta ngaleuleuskeun kakawasaanana, pecah belahna nagara-nagara Islam, jeung nganggap halal nyiksa wanita-wanita muslim anu jadi tawanan kelompok takfiri.[37]

Munculna Golongan Takfiri

Dina abad ieu, Wahabi jeung kelompok-kelompok saperti ISIS anu dipangaruhan tur didukung ku maranéhna, geus ngafirkeun umat Islam sarta maéhan jeung ngarebut harta banda maranéhna.[38] Maranéhna nerapkeun ayat-ayat anu turun ngeunaan musyrikin jeung kafir ka umat Islam sorangan.[39] Padahal, para ulama Islam geus nolak praktik ieu. Numutkeun maranéhna, ngan ukur mungkir perkara-perkara poko agama (tauhid jeung kenabian) anu bisa ngajadikeun muslim jadi kafir.[40] Éta ogé ngan dina kaayaan lamun ingkarna dilakukeun kalayan sadar jeung henteu bisa ditakwilkeun (ditafsirkeun ku makna séjén). [41]

Konperénsi Internasional

Artikel utama: Kongrés Dunya pikeun Ngalawan Aliran Ekstrimis jeung Takfiri

Dina taun 1393 HS (2014 M), hiji konperénsi anu judulna "Kongrés Dunya ngeunaan Aliran Ekstrimis jeung Takfiri tina Sudut Pandang Ulama Islam" dilaksanakeun di Qom, di bawah pengawasan Ayatullah Makarim Shirazi, salah sahiji marja' taqlid. Konperénsi ieu dihadiran ku ulama Syiah jeung Sunni ti 80 nagara.[42] Aya 830 makalah anu dikintunkeun pikeun konperénsi ieu, nu tuluy dibukukeun dina 10 jilid kalawan judul "Kumpulan Makalah Kongrés Dunya ngeunaan Aliran Ekstrimis jeung Takfiri". Sékrétariat permanén kongrés ogé geus medalkeun 40 buku dina rupa-rupa basa, sarta ngaluncurkeun majalah Ummat Wahidah Islamiyah dina basa Persia jeung Arab.[43]

Bibliografi

Perihal takfir jeung kritikna, geus aya seueur karya anu ditulis. Dina "Kitab Bibliografi Takfir", kacatet sakitar 528 karya dina basa Arab jeung Persia, anu di antarana: 235 buku, 240 artikel, 49 tesis, jeung 4 karya khusus [44]

  • Buku "Ara' Ulama al-Muslimin wa Fatawahum fi Tahrim Takfir Atba' al-Mazahib al-Islamiyyah" Karya Syeikh Fuad Kazem Muqaddadi, pangadeg Dar at-Taqrib Irakaca Buku ieu ngabahas fatwa jeung pandangan ulama Syiah jeung Sunni ngeunaan larangan ngafirkeun penganut mazhab Islam. Majma ats-Tsaqalain al-Ilmi Tehran medalkeun buku ieu dina taun 1428 H.[45]
  • Buku "Al-Islam wa al-'Unf: Qira'ah fi Zhahirah at-Takfir" Karya Hussein Ahmad al-Khashn, ngulik masalah kekerasan jeung takfir dina Islam, nyatakeun prinsip-prinsip takfir, asal-usulna, jinis-jinisna, jeung ciri-ciri kelompok takfiri. Buku ieu ditarjamahkeun kana basa Persia kalawan judul "Islam dan Kekerasan: Tinjauan Baru terhadap Fenomena Takfir" dina taun 1390 HS (2011 M), 344 kaca. [46]

Catetan handap:

  1. Agha Salehi jeung sajabana, "Takfir jeung Panalungtikan Balukarna di Masarakat Islam," kaca 95.
  2. Agha Salehi jeung sajabana, "Takfir jeung Panalungtikan Balukarna di Masarakat Islam," kaca 105.
  3. Nasr Esfahani, "Bibliografi Takfir," kaca 258.
  4. Fayumi, dina "Takfir".
  5. Abdul Mun'im, Mu'jam al-Musthalahat wa al-Alfaz al-Fiqhiyyah, Dar al-Fadhilah, jilid 1, kaca 487.
  6. Tingali Imam Khomeini, Kitab al-Taharah, 1427 H, jilid 3, kaca 437-438.
  7. Contona, tingali Imam Khomeini, Kitab al-Taharah, 1427 H, jilid 3, kaca 432.
  8. Contona, tingali Syahid Tsani, al-Raudhah al-Bahiyyah, 1403 H, jilid 9, kaca 175; Jaziri, Kitab al-Fiqh 'ala al-Madzahib al-Arba'ah, 1410 H, jilid 5, kaca 194-195.
  9. Tingali Imam Khomeini, Kitab al-Taharah, 1427 H, jilid 3, kaca 437-438.
  10. Tingali Allamah Majlisi, Bihar al-Anwar, 1403 H, jilid 54, kaca 246-247.
  11. Maqdisi, al-Bad' wa al-Tarikh, Maktabah al-Thaqafah al-Diniyyah, jilid 5, kaca 152.
  12. Ja'fariyan, Tarikh al-Khulafa, 1380 HS, jilid 2, kaca 32.
  13. Waqidi, al-Riddah, 1410 H, kaca 106-107.
  14. Subhani, Buhuts fi al-Milal wa al-Nihal, 1427-1428 H, jilid 5, kaca 97.
  15. Dinawari, al-Akhbar al-Thiwal, 1368 HS, kaca 206.
  16. Ya'qubi, Tarikh al-Ya'qubi, Beirut, jilid 2, kaca 192-193.
  17. Subhani, Buhuts fi al-Milal wa al-Nihal, 1427-1428 H, jilid 2, kaca 336.
  18. Dinawari, al-Akhbar al-Thiwal, 1368 HS, kaca 206.
  19. Tingali Mughniyah, Hadzihi hiya al-Wahhabiyyah, 1408 H, kaca 74-76.
  20. Muhammad bin Abdul Wahhab, Kasyf al-Syubuhat, 1418 H, kaca 7.
  21. Syahrastani, al-Milal wa al-Nihal, 1387 H, jilid 1, kaca 122, 128, jeung 135.
  22. Surat al-Maidah, ayat 44.
  23. Jurjani, Syarh al-Mawaqif, 1325 H, jilid 8, kaca 334-338.
  24. Subhani, Muhadharat fi al-Ilahiyyat, 1428 H, kaca 462.
  25. Abu Hasan al-Asy'ari, al-Ibanah, 1397 H, kaca 89.
  26. Ibnu Hanbal, Kitab al-Sunnah, 1349 H, kaca 15.
  27. Subhani, Buhuts fi al-Milal wa al-Nihal, 1427-1428 H, jilid 2, kaca 336.
  28. Hurr al-Amili, Wasail al-Syiah, 1409 H, jilid 28, kaca 348.
  29. Haidar, al-Imam al-Shadiq wa al-Madzahib al-Arba'ah, Dar al-Ta'aruf, jilid 1, kaca 200-202.
  30. Ibnu Jibrin, al-Lu'lu' al-Makin min Fatawa al-Syaikh Ibnu Jibrin, kaca 25.
  31. Jaziri, Kitab al-Fiqh 'ala al-Madzahib al-Arba'ah, 1410 H, jilid 5, kaca 194-195.
  32. Contona, tingali Imam Khomeini, Kitab al-Taharah, 1427 H, jilid 3, kaca 432.
  33. Tingali Ghazali, Tahafut al-Falasifah, 1382, kaca 94-295.
  34. Khunsari, Rawḍāt al-Jannāt, jilid 4, kaca 121, taun 1390 H.
  35. Hasanlu, "Latar Belakang jeung Faktor-Faktor Munculna Paham Takfir di Kalangan Umat Islam sareng Implikasina di Dunya Islam", kaca 54.
  36. "Kongres Dunya ngeunaan Aliran-Aliran Ekstrim jeung Takfiri Tina Pandangan Ulama Islam"
  37. Agha Salehi jeung sajabana, "Takfir: Analisis Dampakna di Komunitas Muslim", kaca 100-110.
  38. Tingali: Bakhshi Syeikh Ahmad jeung Bahari, "Analisis Ideologi Kelompok Takfiri-Wahabi ISIS (Irak sareng Syam)", kaca 141-144.
  39. Agha Salehi jeung réréncangan, "Paham Takfir sarta Pangaruhna di Masarakat Islam", kaca 97.
  40. Kanggo conto, tingali Rashid Rida, Majalah Al-Manar, [tanpa taun], jilid 35, kaca 573.
  41. Tingali Rashid Rida, Majalah Al-Manar, [taun teu aya], jilid 35, kaca 573.
  42. "Kongres Internasional Aliran Ekstrim sareng Takfiri dumasar Pandangan Ulama Islam"
  43. "40 Judul Buku Kongrés Anti-Takfir Diterbitkeun dina Lima Basa Dunya." Kantor Berita Resmi Hauzah.
  44. Nasr Ansari, Bibliografi Takfir, 1393 HS, kaca 21.
  45. Nasr Ansari, Bibliografi Takfir, 1393 HS, kaca 25.
  46. Nasr Ansari, Bibliografi Takfir, 1393 HS, kaca 29.

Daptar Pustaka

  • "Kongres Internasional Aliran Ekstrim sareng Takfiri dumasar Pandangan Ulama Islam", Sekrétariat Kongrés Global Ngalawan Aliran Ékstrimis jeung Takfiri, diterbitkeun 13 Khordad 1395 HS, ditingali 10 Ordibéhest 1401 HS.
  • "40 judul buku hasil Kongrés Anti-Takfir parantos diterbitkeun dina lima basa utama dunya.", Kantor Berita Resmi Hauzah, diterbitkeun 8 Bahman 1394 HS, diaksés 10 Ordibehesht 1401 HS.
  • Agha Salehi, Ali; Khosrow Momeni, Mojtaba Jafari, sareng Alireza Saberian, "Takfir sareng Analisis Dampakna di Masyarakat Islam", Jurnal Fikih jeung Ushul, volume 2 nomer 2, Usum Gugur jeung Usum Tiis 1398 HS.
  • Abu al-Hasan al-Asy'ari, Ali bin Isma'il, Al-Ibanah 'an Ushul ad-Diyanah, diteliti ku Fuqiyah Huséin Mahmud, Kairo, Dar al-Anshar, 1397 H.
  • Ibn Jibrin, Al-Lu'lu' al-Maknun min Fatawa asy-Syaikh Ibn Jibrin, disusun ku Abdullah bin Yusuf al-'Ajlan, disunting ku Salman bin Abdul Qadir Abu Zaid, [tanpa tempat]: [tanpa tahun].
  • Ibn Hanbal, Ahmad, As-Sunnah, dikoréksi ku Abdullah bin Hasan al asy-Syaikh, Mekah, Al-Mathba'ah as-Salafiyah wa Maktabatuha, 1349 H.
  • Imam Khomeini, Sayyid Ruhullah, Kitab at-Taharah, Téhéran, Muassasah Tanzhim wa Nasyr Atsar Imam Khomeini(s), 1427 H/1358 HS.
  • Bakhshi Syeikh Ahmad, Mehdi; Behnam Bahari, sareng Peyman Vahabpour, "Analisis Ideologi Kelompok Takfiri-Wahabi ISIS (Irak sareng Syam)", Jurnal Ilmiah Politik Universitas Baqir al-Ulum, volume 16 nomer 46, Usum Tiis 1392 HS.
  • Jurjani, Ali bin Muhammad, Syarh al-Mawaqif, diteliti ku Muhammad Badruddin Na'sani Halabi, Mesir, 1325 H/1907 M (cétak ulang Qom, 1370 HS).
  • Jaziri, Abdurrahman, Kitab al-Fiqh 'ala al-Madzahib al-Arba'ah, Beirut 1410/1990.
  • Ja'fariyan, Rasul, Tarikh Khulafa, Qom, Dalil, 1380 HS.
  • Khwansari, Sayyid Muhammad Baqir, Rawdhah al-Jannat fi Ahwal al-'Ulama' wa as-Sadat, Qom, Ismailiyan, cétakan kahiji, 1390 HS.
  • Al-Hurr al-'Amili, Muhammad bin Hasan, Wasail asy-Syi'ah ila Tahshil Masail asy-Syari'ah, Muassasah Al al-Bayt, Qom, 1409 H.
  • Hasanlu, Amir Ali, "Latar Tukang jeung Faktor-Faktor Munculna Paham Takfir di Kalangan Muslim sareng Akibatna di Dunya Islam", Jurnal Kajian Agama di Lingkung Internasional, nomer 16, 1396 HS.
  • Dinawari, Abu Hanifah Ahmad bin Dawud, Al-Akhbar ath-Thiwal, diteliti ku Abdul Mun'im 'Amir, Qom, Mansyurat ar-Radhi, 1368 HS.
  • Zini Dahlan, Sayyid Ahmad, Fitnah al-Wahhabiyah, [tanpa tanggal].
  • Subhani Tabrizi, Ja'far, Buhuts fi al-Milal wa an-Nihal, Qom, Muassasah an-Nasyr al-Islami, 1427-1428 H.
  • Subhani, Ja'far, Muhadharat fi al-Ilahiyat, Penerbitan Muassasah Imam Shadiq(a), 1428 H.
  • Asy-Syahrastani, Muhammad bin Abdul Karim, Al-Milal wa an-Nihal, dikoréksi ku Muhammad Sayyid Kilani, Kairo 1387/1967.
  • Asy-Syahid ats-Tsani, Zainuddin bin Ali, Ar-Rawdhah al-Bahiyyah fi Syarh al-Lum'ah ad-Dimasyqiyyah, dikoréksi ku Muhammad Kalantar, Beirut 1403/1983.
  • Abdul Baqi, Muhammad Fuad, Al-Mu'jam al-Mufahras li Alfadz al-Qur'an al-Karim, Kairo 1364, cétak ulang Téhéran, 1397.
  • Abdul Mun'im, Mahmud Abdul Rahman, Mu'jam al-Mushthalahat wa al-Alfadz al-Fiqhiyyah, Jilid 1, Kairo, Dar al-Fadhilah, [1999 M].
  • Al-Ghazali, Faysal at-Tafriqah bain al-Islam wa az-Zandaqah, dikoréksi ku Riyadh Musthafa Abdullah, Damaskus 1417.
  • Al-Fayumi, Ahmad bin Muhammad, Al-Mishbah al-Munir fi Gharib asy-Syarh al-Kabir li ar-Rafi'i, Beirut: Dar al-Fikr, teu aya tanggal.
  • Al-Majlisi, Muhammad Baqir bin Muhammad Taqi, Bihar al-Anwar, Beirut 1403/1983.
  • Al-Mughniyah, Muhammad Jawad, Hadzihi hiya al-Wahhabiyyah, Téhéran, Munadzamah al-I'lam al-Islami, 1408 H.
  • Al-Mufid, Muhammad bin Muhammad, Al-Fushul al-Mukhtarah min al-'Uyun wa al-Mahasin, Qom 1413.
  • Al-Maqdisi, Muthahhar bin Thahir, Al-Bad' wa at-Tarikh, Port Said, Maktabah ats-Tsaqafah ad-Diniyyah, teu aya tanggal.
  • Nasr Isfahani, Abadzar, Bibliografi Takfir, Qom, Dar al-I'lam li Madrasah Ahl al-Bait(a), 1393 HS.
  • Al-Waqidi, Muhammad bin Umar, Ar-Riddah, diteliti ku Yahya al-Jaburi, Beirut, Dar al-Gharb al-Islami, cétakan kahiji, 1990 M/1410 H.
  • Al-Ya'qubi, Ahmad bin Abi Ya'qub, Tarikh al-Ya'qubi, Beirut, Dar Shadir, teu aya tanggal.
  • Al-Ghazali, Muhammad bin Muhammad, Tahafut al-Falasifah, Syams Tabrizi, Téhéran, 1382 HS.
  • Rasyid Ridha jeung sajabana Majalah Al-Manar, [tanpan tempat], [tanpa tanggal].
  • Muhammad bin Abdul Wahhab, Kasyf asy-Syubuhat, Karajaan Arab Saudi, Kamentrian Urusan, Wakaf, Dakwah jeung Bimbingan, 1418 H.