Istigfar
Istighfar nyaéta nyuhakeun ménta panghampura tina dosa ka Allah. Istighfar dilakukeun ku lisan jeung lampah; anu ku lisan nyaéta ngucapkeun astaghfirullah (استغفرالله). Dina Al-Qur'an jeung hadis, aya seueur conto anu ngajurung jeung maréntahkeun pikeun istighfar. Aya 30 ayat dina Al-Qur'an anu nyaritakeun istighfar para nabi. Ngahalangan siksa ti Allah, dihampura dosa-dosa, jeung nambahan rezeki mangrupakeun sababaraha mangpaat istighfar.
Istighfar dianggap salaku doa jeung ibadah anu panghadéna sarta hukumna sunah dilakukeun; kitu ogé, dina sababaraha kasus, saperti salaku kafarat pikeun jalma anu keur ihram, hukumna jadi wajib. Numutkeun ajaran Al-Qur'an, istighfar Nabi Muhammad SAW pikeun jalma-jalma musyrik henteu meunang.
Imam Ali AS nyebutkeun yén syarat-syarat istighfar di antarana nyaéta kaduhung kana dosa-dosa anu kaliwat, tekad pikeun henteu malik deui kana dosa, ngajalankeun hak-hak sesama manusa]] jeung kawajiban-kawajiban anu wajib dilaksanakeun.
Istighfar disarankeun pikeun dilakukeun iraha waé jeung di mana waé; tapi, aya leuwih ditekenkeun deui pikeun ngalakukeun éta dina waktos sahar. Istighfar dilakukeun kadang alatan dosa pribadi jeung nganiaya diri sorangan, kadang alatan ngalanggar hak batur, kadang ogé alatan dosa-dosa sosial.
Konsep Istighfar
Kecap istighfar hartina nyuhakeun pangampura dosa ka Allah, boh ku lisan atawa ku laku lampah[1][2]. Tujuanana nyaéta ménta lindungan tina akibat-akibat goréng dosa jeung siksa ka Allah.[3]
Istighfar bisa jadi qauli (ku lisan), saperti ngucapkeun "astaghfirullah", atawa fi'li (ku lampah), saperti ngalakukeun hiji pagawéan anu matak dihampura dosa manusa.[4] Istighfar lisan dibahas dina bab-bab saperti thaharah, shalat, shaum, haji, jual-beli, zhihar, jeung kafarat.[5]
Sababaraha mufasir Ahlus Sunnah wal Jama'ah di antarana Zamakhsyari jeung Fakhruddin ar-Razi, ngartikeun kecap istighfar dina sababaraha ayat Al-Qur'an saperti dina Surah Hud:52 (وَيا قَوْمِ اسْتَغْفِرُوا رَبَّكُمْ) hartina iman,[6] atawa Islam saperti dina Surah Al-Anfal:33 (وَما كانَ اللَّهُ مُعَذِّبَهُمْ وَهُمْ يَسْتَغْفِرُونَ).[7] Ath-Thabarsi, saurang mufasir Syiah dina abad ka-5 Hijriyah, ngartikeun kecap istighfar dina Surah Ali 'Imran:17 (لصَّابِرِينَ وَالصَّادِقِينَ وَالْقَانِتِينَ وَالْمُنْفِقِينَ وَالْمُسْتَغْفِرِينَ بِالْأَسْحَارِ) dumasar kana sababaraha riwayat hartina ngalaksanakeun salat, sarta dianggap salaku conto istighfar anu dilakukeun ku lampah.[8]
Status
Konsép ménta panghampura geus disebutkeun 68 kali dina Al-Qur'an. Tina éta, 43 kali ngagunakeun kecap turunan istighfar, 17 kali dina wangun "اغفر", tilu kali dina wangun "یغفر", dua kali "تغفر", sarta sakali dina wangun "مغفرة".[9]
Ajakan pikeun istighfar atawa paréntah ngalakukeunana ogé dicaritakeun dina seueur ayat Al-Qur'an, saperti dina Surah Al-Baqarah:199, Surah An-Nisa:110, jeung Surah Hud:61.[10] Dina sababaraha kasus, Al-Qur'an ogé nyebatkeun jalma-jalma anu henteu istighfar.[11]
Numutkeun ajaran Al-Qur'an, para malaikat istighfar pikeun orang-orang mukmin[12] jeung pikeun jalma-jalma di bumi.[13] Ménta panghampura dosa ogé digambarkeun salaku sipat jalma anu saleh.[14] Salian ti éta, carita ngeunaan para pandosa anu ménta ka para nabi pikeun istighfar jeung ménta panghampura ka Allah ngaliwatan aranjeunna, nolak anggapan yén ménta istighfar ka salian Allah téh mangrupa syirik. Para peneliti Ahlus Sunnah wal Jama'ah ogé, dumasar kana ayat-ayat Al-Qur'an, henteu nganggap ménta istighfar ka Nabi téh syirik.[15] Dumasar Surah Yusuf:97, para putra Nabi Yakub AS sanggeus kajadian ngeunaan lanceukna Nabi Yusuf AS, ménta ka bapana pikeun istighfar ka Allah pikeun aranjeunna, sarta Nabi Yakub janji bakal ngalakukeunana. Salian ti éta, dina Surah An-Nisa:64 dicaritakeun: Para pandosa anu nganiaya diri sorangan ménta panghampura ka Allah, sarta Nabi (Muhammad) ogé ménta panghampura ka Allah pikeun aranjeunna.[16]
Dina hiji riwayat, dijelaskeun yén seuseur istighfar ngajadikeun buku catetan amal hamba jadi caang.[17] Dina riwayat anu sanés, Zurarah bin A'yan nyaritakeun ti Imam Ja'far ash-Shadiq AS, yén saha waé anu ngalakukeun hiji dosa, ngagaduhan waktos ti isuk dugi ka sonten pikeun ménta panghampura; upami anjeunna ngalakukeunana, dosa éta moal dicatet pikeun anjeunna.[18]
Istighfar Para Maksum
- Artikel Utama: Istighfar Para Maksum
Kira-kira 30 ayat dina Al-Qur'an Al-Karim ngabahas ngeunaan istighfar para nabi.[19] Sanajan kitu, Allamah Thabathaba'i, kalawan nunjuk kana kamaksuman para nabi, nyebatkeun yén ngalakukeun dosa ku aranjeunna téh bertentangan jeung tugas-tugas dakwahna, sarta nganggap yén para nabi nganggap amal-amal mubah sorangan salaku dosa, tuluy istighfar pikeun éta lampah.[20] Ieu mangrupikeun eusi kalimah "حسنات الابرار سیئات المقربین" (kasaéan jalma-jalma soleh mangrupikeun kaawonan pikeun jalma-jalma anu deukeut ka Allah), anu lain ngan ukur nunjukkeun yén kalakuan mubah pikeun sababaraha jalma tiasa janten dosa pikeun jalma anu sanés, tapi ogé kalakuan alus pikeun jalma sapertos (al-abrar) tiasa dianggap dosa pikeun jalma anu sanés (al-muqarrabin).[21]
Dina ayat-ayat Al-Qur'an ogé kasebutkeun dina ucapan-ucapan Para Maksum AS, aya sababaraha mangpaat tina istighfar, di antarana: Kajaga tina siksa Allah,[22] dihampurakeun dosa-dosa,[23] nambahan rezeki jeung turunan,[24] sarta ogé umur panjang.[25]
"طُوبى لمَن وُجِدَ في صَحيفَةِ عَمَلِهِ يَومَ القِيامَةِ تَحتَ كُلِّ ذَنبٍ : أستَغفِرُ اللّه َ" Nabi Muhammad SAW: "Bagja pikeun saha waé anu dina buku catetan amalna di dinten kiamat, dina handap unggal dosana kapendak tulisan "استغفر اللّه"
Sumber: Rey Syahri, Mizanul Hikmah, jilid 3, kaca 2274.
Hukum-Hukumna
Istighfar hukumna sunah. Tapi, ku alesan-alesan nu tangtu, bisa jadi wajib atawa haram.
- Istighfar anu Sunah: Istighfar dianggap salaku doa jeung ibadah anu panghadéna, sarta dina sagala kaayaan hukumna sunah, di antarana:[26] Di antara dua sujud dina salat,[27] Sanggeus ngucapkeun tasbih arba'ah dina salat,[28] Dina doa qunut, hususna dina qunut salat witir,[29] Dina waktos sahar,[30] Sarta dina bulan Ramadlan.[31]
- Istighfar anu Wajib: Istighfar dina sababaraha kaayaan hukumna wajib, di antarana salaku kafarat pikeun jalma anu keur ihram anu sakali atawa dua kali ngalakukeun jidal (pasea).[32]
- Istighfar anu Haram: Numutkeun Al-Qur'an, istighfar anu dilakukeun ku urang mukmin pikeun jalma-jalma musyrik teu diwenangkeun.[33] Ngeunaan rincian istighfar Nabi Ibrahim AS pikeun bapana (atawa kakek indungna atawa pamanna), sanajan bapana éta jalma musyrik, aya beda pamadegan di antara para mufasir.[34] Tapi, numutkeun ayat Al-Qur'an, Nabi Ibrahim istighfar pikeun bapana Azar sabab janji anu geus dipasihkeun ka bapana. Tapi, sanggeus jelas pikeun Anjeunna yén bapana musuh Allah, Anjeunna nyingkah ti bapana sarta henteu deui istighfar pikeun bapana. Al-Qur'an nunjuk kana ieu perkara dina Surah At-Taubah:114: "وَمَا كَانَ اسْتِغْفَارُ إِبْرَاهِيمَ لِأَبِيهِ إِلَّا عَنْ مَوْعِدَةٍ وَعَدَهَا إِيَّاهُ فَلَمَّا تَبَيَّنَ لَهُ أَنَّهُ عَدُوٌّ لِلَّهِ تَبَرَّأَ مِنْهُ ۚ إِنَّ إِبْرَاهِيمَ لَأَوَّاهٌ حَلِيمٌ " ("Sarta istighfarna Ibrahim pikeun bapana lian ti lantaran janji anu geus dipasihkeun ka bapana. Tapi waktu geus jelas pikeun Ibrahim yén bapana musuh Allah, Ibrahim nyingkah ti bapana. Saéstuna Ibrahim téh jalma anu lemah lembut tur sabar").
Adab-Adabna
Dina riwayat-riwayat anu ditepikeun ti Para Imam Maksum, aya adab-adab anu disebatkeun pikeun istighfar. Di antarana, Imam Ali AS nalika nyawaraan saurang lalaki anu keur istighfar, nerangkeun genep ciri pikeun istighfar anu sabenerna, nyaéta: Kaduhung kana kajahatan anu kaliwat, Tekad anu kuat pikeun henteu malik deui kana dosa, Ngalunasan hak-hak sesama manusa, Ngalaksanakeun kawajiban-kawajiban anu acan dilaksanakeun, Usaha pikeun ngaleungitkeun daging anu tumuwuh tina rezeki anu haram, ku cara nyababkeun nyeri lara nu matak daging éta lebur (contona ku puasa), Ngaraosan kasusah ngalaksanakeun taat (ibadah) kana awak.[35]
Istighfar, sanajan henteu diwatesan ku waktu jeung tempat nu tangtu, tapi dina Al-Qur'an, aya penekanan kana istighfar dina waktos sahar, sarta disebutkeun dina ayat 15-18 Surah Adz-Dzariyat salaku ciri tina jalma-jalma anu takwa (وَبِالْأَسْحَارِ هُمْ يَسْتَغْفِرُونَ - "sarta dina waktos sahar maranéhna istighfar").[36]
Jenis-Jenis Istighfar
Ditilik tina cara jeung sasaran dosa, istighfar dibagi kana tilu jenis:
- Istighfar tina dosa pribadi jeung nganiaya diri sorangan (dosa-dosa anu dampakna ka diri sorangan).
- Istighfar tina dosa jeung ngalanggar hak-hak batur (dosa-dosa anu dampakna ka jalma séjén).
- Istighfar tina dosa-dosa sosial (dosa-dosa anu dilakukeun ku para pamingpin, politikus, jeung pamuka masarakat).[37]
Catetan Handap
- ↑ Raghib, Mufradat Alfadz al-Qur'an, 1416 H, kaca 609.
- ↑ Iskandarani, Kasyful Asrar, 2010 M, jilid 2, kaca 46.
- ↑ Ibnu 'Asyur, At-Tahrir wa At-Tanwir, 1420 H, jilid 3, kaca 223; Raghib, Mufradat Alfadz al-Qur'an, 1416 H, kaca 609.
- ↑ Muassasah Da'irah al-Ma'arif Fiqh Islami, Farhang Fiqh, 1382 S, jilid 1, kaca 439.
- ↑ Muassasah Da'irah al-Ma'arif Fiqh Islami, Farhang Fiqh, jilid 1, kaca 439.
- ↑ Zamakhsyari, Al-Kasyaf, Darul Kitab al-'Arabi, jilid 2, kaca 402.
- ↑ Fakhr ar-Razi, At-Tafsir al-Kabir, Dar Ihya at-Turats al-'Arabi, jilid 15, kaca 158.
- ↑ Ath-Thabarsi, Majma' al-Bayan, 1372 S, jilid 2, kaca 714.
- ↑ Markaz Farhang wa Ma'arif Qur'an, Da'iratul Ma'arif Qur'an Karim, 1385 S, jilid 3, kaca 134.
- ↑ Abdul Baqi, Al-Mu'jam al-Mufahras, 1412 H, kaca 500.
- ↑ "اَفَلایتوبونَ اِلَی اللهِ ویستَغفِرونَهُ" (Surah Al-Maidah:74).
- ↑ Surah Ghafir:7.
- ↑ Surah Asy-Syura:5.
- ↑ Surah Ali 'Imran:15-16; Makarim Syirazi, Tafsir Nemuneh, jilid 2, kaca 463.
- ↑ "Pelajaran-Pelajaran Ngeunaan Wahabiyah karya Ayatullah Sabhani", Madrasah Fiqqahat.
- ↑ Surah An-Nisa:64.
- ↑ Al-Kulaini, Al-Kafi, 1407 H, jilid 2, kaca 504.
- ↑ Al-Kulaini, Al-Kafi, 1407 H, jilid 2, kaca 437.
- ↑ Markaz Farhang wa Ma'arif Qur'an, Da'iratul Ma'arif Qur'an Karim, 1385 S, jilid 3, kaca 142.
- ↑ Thabathaba'i, Al-Mizan, 1390 H, jilid 6, kaca 367.
- ↑ Al-Irbili, Kasyful Ghummah fi Ma'rifatil A'immah, 1381 H, jilid 2, kaca 254.
- ↑ Surah Al-Anfal:33; Ali al-Musawi, Syarh Nahj al-Balaghah, 1418 H, jilid 5, kaca 267; tingali ogé: Makarim Syirazi, Tafsir Nemuneh, 1380 S, jilid 7, kaca 154-155.
- ↑ Surah Nuh:10.
- ↑ Surah Nuh:10-12.
- ↑ Ath-Thabarsi, Majma' al-Bayan, 1372 S, jilid 10, kaca 543; Fakhr ar-Razi, At-Tafsir al-Kabir, Dar Ihya at-Turats al-'Arabi, jilid 30, kaca 137.
- ↑ Al-Hurr al-Amili, Wasail asy-Syiah, 1409 H, jilid 7, kaca 180.
- ↑ Al-Yazdi, Al-Urwatul Wutsqa, 1409 H, jilid 1, kaca 683.
- ↑ Al-Yazdi, Al-Urwatul Wutsqa, 1409 H, jilid 1, kaca 658.
- ↑ Al-Yazdi, Al-Urwatul Wutsqa, 1409 H, jilid 1, kaca 699.
- ↑ An-Najafi, Jawahir al-Kalam, 1367 H, jilid 7, kaca 33.
- ↑ Al-Hurr al-Amili, Wasail asy-Syiah, 1409 H, jilid 10, kaca 304.
- ↑ Dina jidal (pasea) anu kurang ti tilu kali, teu aya kafaratna salian ti istighfar; tapi lamun geus tilu kali, kafaratna nyaéta nyembelih hiji domba (Mahmudi, Manasik Umrah Mufradah, 1387 S, kaca 69).
- ↑ Surah At-Taubah:113.
- ↑ Ath-Thabarsi, Majma' al-Bayan, 1415 H, jilid 5, kaca 132.
- ↑ Nahjul Balaghah, Syarah Abbas Ali al-Musawi, Hikmah no. 417, kaca 508.
- ↑ Tingali: Surah Ali 'Imran:17; Surah Adz-Dzariyat:18.
- ↑ Kantor Pelestarian dan Penyebaran Karya-Karya Ayatullah Al-Uzhma Khamenei: https://farsi.khamenei.ir/speech-content?id=20585
Daptar Pustaka
- Ibnu 'Asyur, Muhammad Thahir, At-Tahrir wa At-Tanwir, Beirut, Muassasah At-Tarikh, 1420 H.
- Al-Irbili, Ali bin Isa, Kasyful Ghummah fi Ma'rifatil A'immah, diteliti jeung diralat ku: Sayid Hasyim Rasululi Mahallati, Tabriz, Penerbit Bani Hasyimi, cetakan pertama, 1381 H.
- Al-Iskandarani, Muhammad bin Ahmad, Kasyful Asrar An-Nuraniyah Al-Qur'aniyah, diralat ku Ahmad Farid Al-Mazidi, Beirut, Darul Kutub Al-'Ilmiyah, 2010 M.
- Al-Hurr Al-'Amili, Muhammad bin Hasan, Tafshil Wasail Asy-Syiah ila Tahshil Masail Asy-Syari'ah, Qum, Muassah Alu Bait 'Alaihim As-Salam li Ihya At-Turats, 1409 H.
- Ar-Raghib Al-Isfahani, Husain bin Muhammad, Mufradat Alfadz Al-Qur'an, Damaskus, Darul Qalam, 1416 H.
- Az-Zamakhsyari, Mahmud bin Umar, Al-Kasyaf 'an Haqaiq Ghawamidh At-Tanzil wa 'Uyun Al-Aqawil fi Wujuh At-Ta'wil, Beirut, Darul Kitab Al-'Arabi, [tanpa tahun].
- Ali Al-Musawi, Abbas, Syarh Nahj Al-Balaghah, Beirut, Dar Ar-Rasul Al-Akram, 1418 H / 1998 M.
- Ath-Thabarsi, Fadhl bin Hasan, Majma' Al-Bayan fi Tafsir Al-Qur'an, Teheran, Naser Khosrow, 1372 S.
- Abdul Baqi, Muhammad Fuad, Al-Mu'jam Al-Mufahras li Alfadz Al-Qur'an Al-Karim, Beirut, Dar Al-Ma'rifah, 1412 H.
- Allamah Thabathaba'i, Sayid Muhammad Husain, Al-Mizan fi Tafsir Al-Qur'an, Beirut, Al-A'lami Lil Mathbu'at, 1390 H / 1971 M.
- Fuad Abdul Baqi, Muhammad, Al-Mu'jam Al-Mufahras li Alfadz Al-Qur'an Al-Karim, Kairo, Dar Al-Kutub Al-Mishriyah, 1364 H.
- Fakhr Ar-Razi, Muhammad bin Umar, At-Tafsir Al-Kabir, Beirut, Dar Ihya At-Turats Al-'Arabi, [tanpa tahun].
- Al-Kulaini, Muhammad bin Yakub, Al-Kafi, diralat ku Ali Akbar Al-Ghifari, Teheran, Dar Al-Kutub Al-Islamiyah, cetakan kaopat, 1407 H.
- Muassasah Da'iratul Ma'arif Fiqh Islami, Farhang Fiqh Muthabiq Mazhab Ahlul Bait, diawasan ku Sayid Mahmud Hasymi Syahrudi, Qum, Muassasah Da'iratul Ma'arif Fiqh Islami, 1382 S.
- Mahmudi, Muhammad Rida, Manasik 'Umrah Mufradah: Muthabiq ba Fatawa Ayatullah Al-'Uzhma Imam Khomeini wa Maraja' Mu'dzam Taqlid, Teheran, Masy'ar, 1387 S.
- Markaz Farhang wa Ma'arif Qur'an, Da'iratul Ma'arif Qur'an Karim, Qum, Muassasah Bustan Kitab, 1385 S.
- Makarim Syirazi, Naser, Tafsir Nemuneh, Teheran, Dar Al-Kutub Al-Islamiyah, 1380 S.
- An-Najafi, Muhammad Hasan bin Baqir, Jawahir Al-Kalam fi Syarh Syara'i' Al-Islam, Beirut, Dar Ihya At-Turats Al-'Arabi, 1362 H.
- Al-Yazdi, Sayid Muhammad Kazim, Al-'Urwatul Wutsqa, Beirut, Al-A'lami Lil Mathbu'at, 1409 H.
- https://ganjoor.net/naraghi/taghdis/sh143, An-Naraqi, Mulla Ahmad, Thaqdis.
- "Ceramah Pangajaran Al-Qur'an Al-Karim Poé Ka-11 | Perluna Istighfar anu Terus-Terusan", https://farsi.khamenei.ir/speech-content?id=20585