Lompat ke isi

Sayyidah Maksumah SA

Ti wikishia

Sayyidah Maksumah SA kalawan nami asli Fatimah, putri ti Imam Kadzim AS jeung adina Imam Ridha AS. Informasi sajarah ngeunaan kalahiran, pupusna, jeung nikahna teu pati loba kaweruh, tapi masyhur yén anjeunna henteu kungsi nikah.

Sayyidah Maksumah SA dina nyukupan dawuhan lanceukna, Imam Ridha AS, indit ti Madinah ka Iran; tapi dina perjalanan anjeunna gering tuluy dipenta ku warga Qom pikeun angkat ka kota éta. Sanggeus cicing salila 17 poé di imahna Musa bin Khazraj al-Asy'ari, anjeunna pupus sarta dimakamkeun di Kuburan Babilan. Sayid Ja'far Murtadha (wafat: 1441 H) boga kayakinan yén Sayyidah Maksumah SA di Saveh diracun sarta syahid di Qom.

Urang Syiah ngagaduhan darajag anu husus pikeun Sayyidah Maksumah SA: anjeunna dipikawanoh ku julukan Maksumah jeung Karimah Ahlul Bait. Ogé dumasar kana hadis, asupna ka Surga dianggap minangka ganjaran pikeun anu ziarah ka anjeunna, sarta diomongkeun ngeunaan syafaatna.

Anjeunna, sanggeus Sayyidah Fatimah SA, mangrupakeun awéwé hiji-hijina anu gaduh teks ziarah anu diriwayatkeun ku para Imam AS pikeun anjeunna.

Saeutik Informasi ngeunaan Sayyidah Maksumah SA

Numutkeun Dzabihullah Mahallati dina bukuna Riyahin asy-Syari'ah, informasi ngeunaan kahirupan Sayyidah Maksumah SA teu pati loba dipikanyaho; di antarana tanggal lahir jeung pupusna, sabaraha lami umurna, iraha anjeunna indit ti Madinah, naha anjeunna pupus saméméh kasyahidan Imam Ridha AS atawa sanggeusna, teu kacatet dina sajarah.[1]

Ali Ashgar Faqihi henteu nganggap umur anjeunna (Sayyidah Maksumah) kurang ti 23 taun; sabab Imam Kadzim AS ti taun 179 H nepi ka ahir hirupna aya dina panjara, sarta pupusna Sayyidah Maksumah SA lumangsung dina taun 201 H.[2]

Silsilahna

Fatimah, putri Imam Kadzim AS jeung adina Imam Ridha AS, digelaran Maksumah. Syaikh Mufid dina buku al-Irsyad nyebutkeun dua putri di antara putri-putri Imam Kadzim AS anu ngaranna Fatimah al-Kubra jeung Fatimah as-Sughra, tapi henteu netepkeun mana anu sayyidah Maksumah.[3] Ibnu al-Jauzi, salah saurang ulama Ahlus Sunnah dina abad ka-6 Hijriyah, nyebutkeun aya opat putri anu ngaranna Fatimah di antara putri-putri Imam Kadzim, tapi anjeunna ogé henteu nyarios anu mana Sayyidah Maksumah.[4] Sayyidah Maksumah jeung Imam Ridha AS sarua indungna[5] anu ngaranna disebat Najmah Khatun.[6]

Tanggal Lahir jeung Pupusna

Dina sumber-sumber kuno Syiah, tanggal lahir jeung pupusna Fatimah Maksumah henteu disebutkeun. Numutkeun Ridha Ustadi, buku anu pangheulana nyebutkeun tanggalna nyaéta buku Nur al-Afaq karya Jawad Syah Abdul Azhim[7] anu diterbitkeun dina taun 1344 H.[8] Dina buku ieu, tanggal lahir Sayyidah Maksumah SA disebutkeun 1 Dzulqa'dah taun 173 H jeung tanggal pupusna 10 Rabiul Akhir taun 201 H, sarta ti buku éta informasi ieu sumebar ka buku-buku séjénna;[9] tapi sababaraha ulama saperti Ayatullah Mar'asyi Najafi,[10] Ayatullah Syabiri Zanjani,[11] Ridha Ustadi[12] jeung Dzabihullah Mahallati[13] boga pendapat béda jeung Shah Abdul Azhim sarta nganggap tanggal-tanggal anu disebutkeun dina buku éta téh henteu sahih.Citakan:Sambung Dina kalénder resmi Républik Islam Iran, tanggal 1 Dzulqa'dah ditetepkeun minangka Poé Putri.[14]

Gelar-Gelarna

Maksumah jeung Karimah Ahlulbait mangrupa gelar kasohor ti Fatimah, putri Imam Kazim AS.[15] Disebutkeun yén "Masoumah" asalna tina hiji riwayat anu disandekeun ka Imam Ridha AS.[16] Dina riwayat ieu anu aya dina Zād al-Ma'ād, karya Mohammad Baqir Majlisi, Imam Ridha AS nyebut anjeunna kalayan nami Masoumah.[17]

Fatimah Maksumah SA kiwari ogé disebut "Karimah Ahlulbait".[18] Konon, gelar ieu dumasar kana hiji mimpiSayid Mahmud Mar'ashi Najafi, bapana Ayatullah Mar'ashi Najafi, anu di impianna salah sahiji Imam AS nyebut Sayyidah Maksumah salaku Karimah Ahlul Bait.[19]

Nikah

Numutkeun buku Riyahin asy-Syari'ah, teu jelas naha Sayyidah Maksumah SA geus nikah atanapi henteu, sareng naha anjeunna gaduh turunan atanapi henteu;[20] tapi masyhur yén Sayyidah Maksumah SA henteu kungsi nikah[21] sarta aya alesan-alesan anu disebutkeun naha anjeunna henteu nikah; di antarana disebutkeun yén anjeunna henteu nikah sabab teu aya anu sasama pikeun anjeunna.[22] Ogé Ya'qubi, sajarawan abad ka-3 Hijriyah, nyerat yén Imam Kadzim AS wasiat supaya putri-putrina teu nikah;[23] tapi aya bantahan kana pernyataan ieu, sabab pesenan kitu teu aya dina wasiat anu diriwayatkeun ku al-Kulaini dina bukuna al-Kafi ti Imam Kadzim AS,[24] henteu disebutkeun.[25] Sababaraha peneliti ogé nyebutkeun yén henteu nikahna Sayyidah Maksumah SA jeung sadulur-sadulur awéwéna alatan kaayaan teu aman dina masa pamaréntahan Abbasiyah hususna dina mangsa Harun jeung Ma'mun.[26]

Perjalanan ka Iran, Asup ka Qom, jeung Pupusna

Numutkeun buku Tarikh Qom, Sayyidah Maksumah SA indit ti Madinah ka Iran pikeun papanggih jeung lanceukna, Imam Ridha AS.[27] Dumasar riwayat anu dibawa ku Baqir Syarif Qurasyi, panalungtik Syiah, tina buku "Jauharatul Kalam fi Madhis Sadatil A'lam", anu jadi alatan Perjalanan Sayyidah Maksumah SA ka Iran nyaéta surat ti Imam Ridha AS anu ngajak anjeunna ka Khurasan tempat anjeunna.[28] Imam Ridha AS dina waktos éta jadi Wali Ahd (panguasa pengganti) pikeun Khalifah Ma'mun, Khalifah Abbasiyah, sarta cicing di Khurasan. Sayyidah Maksumah SA gering di tengah jalan sarta pupus.[29] Numutkeun kayakinan Sayid Ja'far Murtadha al-Amili, Sayyidah Maksumah SA diracun di Saveh sarta syahid di Qom.[30]

Sambutan rombongan simbolis Sayyidah Maksumah ka Qom

Ngeunaan alesan anjeunna angkat ka Qom, aya dua laporan: Numutkeun laporan kahiji, anjeunna gering di Saveh sarta nyuhungkeun ka para pengiringna pikeun mawa anjeunna ka Qom.[31] Dumasar laporan kadua anu dianggap leuwih leres ku panulis sajarah Qom, warga Qom sorangan anu nyuhungkeun anjeunna pikeun angkat ka Qom.[32]

Sayyidah Maksumah SA cicing di imahna saurang jalmi anu ngaranna Musa bin Khazraj al-Asy'ari di Qom sarta pupus sanggeus 17 poé.[33] Jenazah anjeunna Dimakamkeun di makam anu namina Babilan (Haram ayeuna).[34] Kaum Sa'ad (pangeusi wewengkon éta) timbul selisih ngeunaan panguburan anjeunna. Tungtungna maranéhna mutuskeun pikeun Qadir, saurang palayan anu sepuh tur shalih, pikeun ngalaksanakeun upacara panguburan; tapi ujug-ujug dua panunggang kuda anu nganggo topeng némbongan ti arah gurun, arék ngadeukeutan, terus ngalaksanakeun shalat jenazah pikeun anjeunna sarta nguburkeun jenazahna; sanggeus upacara panguburan réngsé, dua panunggang kuda nu nutupan raray éta indit ti dinya tanpa nyarita saeutik ogé.[35] Dicaritakeun ti Fadhl Langkarani (wafat: 1386 H) yén teu mustahil dua panunggang kuda éta téh ti kalangan Para Imam.[36]

Di Iran, tanggal 23 Rabi‘ul-Awwal dipikaresep minangka émutan kana taun lebearna Sayyidah Maksumah ka Qom. Dina poé éta, rupa-rupa upacara dilaksanakeun, di antarana nyaéta ayana upacara sambutan rombongan Sayyidah Maksumah ka Qom anu lumangsung di ieu kota.[37]

Darajatna Pikeun Urang Syiah

Kaca mozaik anu aya di Haram Sayyidah Maksumah SA. Imam Ridha AS: "Saha waé anu ngaziarahi anjeunna (Sayidah Maksumah) kalawan ma'rifat ngeunaan pangkatna, Surga pikeun anjeunna."
Prosesi duka dina Poé Asyura di palataran Haram Sayyidah Maksumah

Para ulama Syiah ngagaduhan pangkat anu luhur pikeun Fatimah Maksumah sareng nyebatkeun sababaraha riwayat ngeunaan martabatna sareng pentingna ziarah ka anjeunna. Allamah Majlisi dina bukuna Bihar al-Anwar nyarioskeun hiji hadis ti Imam Shadiq AS anu nyatakeun yén sadaya panganut Syiah bakal asup ka Surga kalayan syafaat Sayyidah Maksumah SA.[38] Dina sabagian tina ziarah Fatimah Maksumah, anjeunna dipénta syafaat alatan pangkat jeung kedudukanna anu luhur di sisi Allah.[39]

Muhammad Taqi Syusytari dina abad ka-14 Hijriah Syamsiah, nyerat dina Qamus ar-Rijal yén di antara katurunan Imam Kadzim AS anu seueur, saatos Imam Ridha AS, teu aya anu sasarengan sareng Maksumah.[40] Syekh Abbas al-Qummi ogé nganggap anjeunna putri anu panghadéna Musa bin Ja'far AS.[41] Anjeunna ogé nyebut Sayyidah Maksumah minangka salah sahiji imam zadeh (turunan imam) anu martabatna luhur, pasti turunan Imam Kadzim AS, sareng pasti dikubur di haram sareng tempat ieu.[42]

Dumasar riwayat-riwayat anu diriwayatkeun ti Imam Shadiq AS, Imam Kadzim AS, sareng Imam Jawad AS, Surga mangrupikeun pahala pikeun anu ngaziarahi Fatimah putri Imam Kadzim AS;[43] tangtosna, dina sababaraha riwayat, pahala Surga dijamin pikeun anu ngaziarahi anjeunna kalayan ma'rifat jeung pamahaman.[44] Di Iran, anjeunna ogé dipikawanoh ku gelar Fatimah Tsani[45] jeung Zainab Tsani[46].

Panulis buku "Zendegani Karimeh Ahlulbait AS", nyaritakeun ti Mahmud Anshari al-Qummi (wafat: 1377 HS) sareng anjeunna ti Sayid Nashrullah Mustanbit, saurang ulama Syiah (wafat: 1364 HS), yén dina buku tulisan leungeun Kasyf al-La'ali karya Shalih bin Arandis al-Hilli, saurang ulama Syiah abad ka-9 Hijriah, aya hiji hadis anu dina éta Imam Kadzim AS nyarios ka Sayyidah Maksumah: "فَداها اَبوها; Bapana rela jadi tebusan pikeun anjeunna". Dumasar riwayat ieu, Imam Kadzim AS nyarios kecap-kecap ieu saatos Sayyidah Maksumah ngajawab patarosan urang Syiah kalayan leres dina henteuna Imam AS. Panulis buku "Zendegani Karimeh Ahlulbait AS" nyatakeun yén anjeunna henteu acan mendakan hadis ieu di buku-buku hadis lian ti riwayat ieu.[47]

Ziarah

Artikel Utama: Ziarah Sayyidah Maksumah SA

Allamah Majlisi dina bukuna Zadul Ma'ad, Bihar al-Anwar, jeung Tuhfatuz Zair, nyebutkeun hiji ziarah anu diriwayatkeun ti Imam Ridha AS pikeun Fatimah Maksumah.[48] Tapi anjeunna dina Tuhfatuz Zair, sanggeus nyebut ziarah éta, ngira yén téksna bisa jadi lain bagian tina hadis Imam Ridha sarta bisa jadi ditambahan ku para ulama.[49] Disebutkeun yén Sayyidah Fatimah jeung Sayyidah Maksumah mangrupakeun hiji-hijina awéwé anu gaduh ziarah ma'tsur (ziarah anu sanadna nepi ka makshum).[50]

Abdullah Jawadi Amuli saurang marja‘ taqlid, nyarios:

Ti ziarahna Sayyidah Maksumah SA bisa dipikanyaho yén ayana Karimah Ahlulbait Fatimah Maksumah SA aya dina runtuyan anu mulya para nabi jeung wali. Hartina, nalika runtuyan para nabi jeung wali Allah geus réngsé sarta datang waktuna ka murid-murid anu luar biasa jeung sahabat husus ti para Imam, ayana Sayyidah Maksumah téh salah sahiji murid anu sampurna jeung salah sahiji sahabat husus ti para Imam AS, sarta anjeunna ogé ahli waris tina élmu-élmu anu sarua.[51]

Astana Suci Sayyidah Maksumah

Artikel Utama: Haram Sayyidah Maksumah SA

Di makam Fatimah Maksumah di Qom, mimitina diwangun saung, tuluy diwangun kubah.[52] Makam ieu sairing waktosna ngembang nepi ka kiwari, sanggeus Astan Quds Razavi, mangrupakeun makam anu pangmegahna jeung pangkasohorna di Iran.[53] Astana Fatimah Maksumah diwangun ku Haram Sayyidah Maksumah, wangunan-wangunan, wakaf, jeung badan-badan administratif anu aya patalina, anu lolobana aya di kota Qom.[54]

Kongres Pangéling-éling jeung Pilem Sinéma

Kongres Pangéling-éling Sayyidah Maksumah

Dina taun 1384 HS, "Kongres Pangéling-éling Kapribadian Sayyidah Fatimah Maksumah SA jeung Tempat Budaya Qom" diayakeun dumasar paréntah Ali Akbar Masoudi Khomeini, anu ngurus Haram.[55] Dina kongres ieu anu diayakeun di Haram Sayyidah Maksumah, marja' taqlid saperti Naser Makarim Syirazi jeung Abdullah Jawadi Amuli masihan ceramah.[56]

Ahmad Abedi, sekretaris kongres, ngabéwarakeun yén kongrés éta nyitak 54 jilid buku dina poros Sayyidah Maksumah, Haramna, Hauzah Ilmiah Qom, jeung Revolusi Islam di Qom.[57]

Pilem Sinéma Ukhtur Ridha

Pilem sinéma Ukhtur Ridha nyaritakeun lalampahan Sayyidah Maksumah SA ti Madinah ka Qom. Pilem ieu ditayangkeun di Qom dina 24 Rabiul Awal 1445 H sarua jeung 18 Mehr 1402 HS.[58]

Bibliografi

Sababaraha buku ngeunaan Fatimah Masoumah (saw) di antarana:

  • Sayyidah Maksumah; Panalungtikan Komprehensif ngeunaan Sayyidah Maksumah, ku Ali Akbar Mahdipur
  • Sayyidah Maksumah Fatimah Kadua; ku Mohammad Mohammadi Eshtehardi
  • Sinar ti Sang Sobat; ku Ismail Kermanshahi
  • Kahirupan Sayyidah Maksumah jeung Sajarah Qom; ku Seyyed Mahdi Sahafi
  • Géografi Sajarah Hazrat Fatimah Masoumah; ku Seyyed AliRidha Seyyed Kabari
  • Sayyidah Maksumah jeung Kota Qom; ku Mohammad Karimi
  • Hayat wa Karamat Fatimah al-Masoumah; ku Sayyid Mahammad Ali Husaini Beqai Libanoni
  • Nyonya Saruang Langit; ku Ali Karimi Jahromi
  • Bibi para Sayyid; ku Sayyid Abul Qasim Hamidi

Catetan Handap

  1. Mahallati, Riyahin asy-Syari'ah, 1373 H, jilid 5, k. 31.
  2. Faqihi, Tarikh Mazhabi Qom, 1378 H, k. 99.
  3. Tingali Mufid, al-Irsyad, 1403 H, jilid 2, k. 244.
  4. Tingali Ibnu al-Jauzi, Tadzkiratul Khawash, k. 315.
  5. Thabari, Dalail al-Imamah, 1413 H, k. 309.
  6. Tingali Hassun Muhammad, A'lam an-Nisa' al-Mu'minat, 1421 H, jilid 1, k. 672.
  7. Ustadi, "Mengenal Sayyidah Abdul Azhim dan Sumber-sumber Riwayat Hidupnya", k. 301.
  8. Ustadi, "Mengenal Sayyidah Abdul Azhim dan Sumber-sumber Riwayat Hidupnya", k. 297.
  9. Ustadi, "Mengenal Sayyidah Abdul Azhim dan Sumber-sumber Riwayat Hidupnya", k. 301.
  10. Mahallati, Riyahin asy-Syari'ah, 1373 H, jilid 5, k. 32.
  11. Syabiri Zanjani, Jur'atun min al-Darya, 1394 H, jilid 2, k. 519.
  12. Ustadi, "Mengenal Sayyidah Abdul Azhim dan Sumber-sumber Riwayat Hidupnya", k. 301.
  13. Mahallati, Riyahin asy-Syari'ah, 1373 H, jilid 5, k. 31-32.
  14. Déwan Kalénder Pusat Lembaga Géofisika Universitas Teheran, Kalénder Resmi Nagara Taun 1398 Hijriyah Syamsiah, k. 9.
  15. Mahdipour, Karimeh Ahl-e Beit SA, 1380 HS, pp.23 jeung 41; ogé tingali Asgharinejad, "Nazari bar Asami va Alqab Sayyidah Fatimah Masoumah SA".
  16. Mahdipour, Karimeh Ahl-e Beit SA, 1380 HS, p.29.
  17. Majlisi, Zād al-Ma'ād, 1423 HQ, p.547.
  18. Tingali Mahdipour, Karimeh Ahl-e Beit SA, 1380 HS, pp.41 jeung 42.
  19. Mahdipour, Karimeh Ahl-e Beit SA, 1380 HS, pp.41 jeung 42.
  20. Mahallati, Riyahin asy-Syari'ah, 1373 H, jilid 5, k. 31.
  21. Contona, tingali Mehdipour, Karimah Ahlul Bait (S.A.W), 1380 H, k. 150.
  22. Mehdipour, Karimah Ahlul Bait (S.A.W), 1380 H, k. 151.
  23. Ya'qubi, Tarikh al-Ya'qubi, 1413 H, jilid 2, k. 361.
  24. Tingali Kulaini, Kitab al-Kafi, 1407 H, jilid 1, k. 317.
  25. Qurasyi, Hayat al-Imam Musa bin Ja'far AS, 1413 H, jilid 2, k. 497.
  26. Husaini, "Rahasia Henteuna Nikah Sayyidah MaksumahAS", k. 103–104.
  27. Qummi, Tarikh Qom, Thus, k. 213.
  28. Qurasyi, Hayat al-Imam ar-Ridha AS, 1380 H, jilid 2, k. 351.
  29. Qummi, Tarikh Qom, Thus, k. 213.
  30. Amili, as-Siyasah lil Imam ar-Ridha AS, 1403 H, jilid 1, k. 428.
  31. Qummi, Tarikh Qom, Thus, k. 213.
  32. Qummi, Tarikh Qom, Thus, k. 213.
  33. Qummi, Tarikh Qom, Thus, k. 213.
  34. Qummi, Tarikh Qom, Thus, k. 213.
  35. Majlisi, Bihar al-Anwar, 1403 H, jilid 60, k. 219.
  36. Muhammad Bigi, Furughi az Kautsar, 1387 H, k. 35.
  37. «کاروان نمادین ورود حضرت فاطمه معصومه(س) به شهر قم»Kantor Warta ISNA
  38. Majlisi, Bihar al-Anwar, 1403 H, jilid 99, k. 267.
  39. Majlisi, Bihar al-Anwar, 1403 H, jilid 99, k. 267; Majlisi, Zadul Ma'ad, 1423 H, k. 547-548.
  40. Syusytari, Tawarikh an-Nabi wal Al, 1391 H, k. 65.
  41. Qummi, Muntahal Amaal, jilid 2, k. 378.
  42. Qummi, Mafatih al-Jinan, k. 562.
  43. Tingali Ibnu Qulawaih, Kamil az-Ziyarat, 1356 H, k. 536; Majlisi, Bihar al-Anwar, 1403 H, jilid 99, k. 265-268.
  44. Majlisi, Bihar al-Anwar, 1403 H, jilid 99(102), k. 266.
  45. Tempo tingali «چرا حضرت معصومه (سلام الله علیها) فاطمه ثانی نامیده می شود؟», Kantor Warta Tasnim.
  46. tingali «چرا به حضرت معصومه (س) لقب «زینب ثانی» دادند؟», Mashregh News.
  47. Mehdipour, Kahirupan Karimah Ahlul Bait AS, 1384 H, k. 52-54.
  48. Tingali Majlisi, Zadul Ma'ad, 1423 H, k. 547-548; Majlisi, Bihar al-Anwar, 1403 H, jilid 99, k. 266-267; Majlisi, Tuhfatuz Zair, 1386 H, k. 664.
  49. Majlisi, Tuhfatuz Zair, 1386 H, k. 666.
  50. Mehdipour, Karimah Ahlul Bait (S.A.W), 1380 H, k. 126.
  51. «جایگاه حضرت معصومه سلام الله علیها و لزوم معرفت به آن حضرت»،,Portal Yayasan Isra.
  52. Qummi, Tarikh Qom, Thus, k. 213; Sajjadi, "Haram Sayyidah Maksumah", k. 359.
  53. Sajjadi, "Haram Sayyidah Maksumah", k. 358.
  54. Sajjadi, "Haram Sayyidah Maksumah", k. 358.
  55. Kongres Pangéling-éling Sayyidah Fatimah Maksumah, Kumpulan Makalah, 1384 H, jilid 1, k. 2.
  56. Syarafat, "Kongres Pangéling-éling Sayyidah Fatimah Maksumah (S.A.W) jeung Tempat Budaya Qom", k. 139 & 145.
  57. Syarafat, "Kongres Pangéling-éling Sayyidah Fatimah Maksumah (S.A.W) jeung Tempat Budaya Qom", k. 142.
  58. «اکران فیلم سینمایی «اخت‌الرضا در سینماهای سراسر کشور», Kantor Berita Mehr.

Daptar Pustaka

  • Ibnu al-Jauzi, Tadzkiratul Khawash, Qom, Mansyurat asy-Syarif ar-Radhi, 1418 H.
  • Ibnu Qulawaih, Ja'far bin Muhammad, Kamil az-Ziyarat, Najaf, Dar al-Murtadhawiyah, cetakan kahiji, 1356 H.
  • Ustadi, Ridha, «آشنایی با حضرت عبدالعظیم و مصادر شرح‌حال او, Nur Ilmi, no. 50 & 51.
  • Asgharinejad, Muhammad, «نظری بر اسامی و القاب حضرت فاطمه معصومه(س)», Kultur Kautsar, no. 35, 1378 H.
  • «اکران فیلم سینمایی «اخت‌الرضا» در سینماهای سراسر کشور», Kantor Berita Mehr, Tanggal Publikasi: 18 Mehr 1402 H, Dikunjungi: 20 Mehr 1402 H.
  • «جایگاه حضرت معصومه سلام الله علیها و لزوم معرفت به آن حضرت», Portal Yayasan Esra, Tanggal Publikasi: 16 Azar 1398 H, Tanggal Kunjungan: 3 Aban 1403 H.
  • Hassun Muhammad & Masykur Umm Ali, A'lam an-Nisa' al-Mu'minat, Teheran, Penerbit Uswah, cetakan kadua, 1421 H.
  • Husaini, Sayid Jawad, «راز عدم ازدواج حضرت معصومه(ع)», Kultur Kautsar, no. 69, Farvardin 1386 H.
  • «چرا حضرت معصومه (سلام الله علیها) فاطمه ثانی نامیده می شود؟», Kantor Berita Tasnim, Tanggal Publikasi: 14 Mordad 1395 HS (4 Agustus 2016), Tanggal Akses: 26 Shahrivar 1404 HS.
  • «چرا به حضرت معصومه (س) لقب «زینب ثانی» دادند؟», Mashregh News, Tanggal Publikasi: 1 Azar 1398 HS (22 Nopémber 2019), Tanggal Akses: 26 Shahrivar 1404 HS.
  • Sajjadi, "Haram Sayyidah Maksumah", Ensiklopedia Besar Islam, jilid 1, Teheran, Pusat Ensiklopedia Besar Islam, 1367 H.
  • Syabiri Zanjani, Sayid Musa, Jur'atun min al-Darya, Qom, Lembaga Bibliografi Syiah, Qom, 1394 H.
  • Syarafat, Amir Husein, «کنگره بزرگداشت حضرت فاطمه معصومه(س) و مکانت فرهنگی قم», Waqaf Warisan Abadi, no. 52, 1384 H.
  • Dewan Pusat Kalénder Lembaga Géofisika Universitas Teheran, Kalénder Resmi Nagara Taun 1398 Hijriah Syamsiah.
  • Syusytari, Muhammad Taqi, Tawarikh an-Nabi wal Al, Teheran, 1391 H.
  • Syaikh Mufid, Muhammad bin Muhammad bin Nu'man, al-Irsyad fi Ma'rifati Hujajillah 'alal 'Ibad, Beirut, Dar al-Mufid, 1414 H.
  • Thabari, Muhammad bin Jarir, Dalail al-Imamah, Qom, 1413 H.
  • Amili, Sayid Ja'far Murtadha, al-Hayatus Siyasiyah lil Imam ar-Ridha AS, Qom, Jami'ah Mudarrisin Hauzah Ilmiah, 1403 H.
  • Faqihi, Ali Ashgar, Tarikh Mazhabi Qom, Qom, Zair, cetakan kadua, 1378 H.
  • Qurasyi, Baqir Syarif, Hayat al-Imam ar-Ridha AS, Qom, Said bin Jubair, 1380 H.
  • Qurasyi, Baqir Syarif, Hayat al-Imam Musa bin Ja'far Dirasah wa Tahli, Beirut, Dar al-Balaghah, cetakan kadua, 1413 H.
  • Qummi, Hasan bin Muhammad, Tarikh Qom, Diperiksa oleh: Jalaluddin Teherani, Teheran, Thus, tanpa tahun.
  • Qummi, Syaikh Abbas, Muntahal Amaal fi Tarikh an-Nabi wal Al, Qom, Jami'ah Mudarrisin, 1422 H.
  • «کاروان نمادین ورود حضرت فاطمه معصومه(س) به شهر قم», Kantor Berita ISNA, Tanggal Publikasi: 25 Shahrivar 1404 HS, Tanggal Akses: 26 Shahrivar 1404 HS.
  • Kulaini, Muhammad bin Ya'qub, al-Kafi, Diperiksa oleh: Ali Akbar Ghaffari & Muhammad Akhundi, Teheran, Dar al-Kutub al-Islamiyah, 1407 H.
  • Kongres Pangéling-éling Sayyidah Fatimah Maksumah, Kumpulan Makalah, Qom, Zair, cetakan kahiji, 1384 H.
  • Majlisi, Muhammad Baqir, Bihar al-Anwar, Diperiksa oleh: Tim Panalungtik, Beirut, Dar Ihya at-Turats al-'Arabi, cetakan kadua, 1403 H.
  • Majlisi, Muhammad Baqir, Zadul Ma'ad, Diperiksa oleh: Ala'uddin A'lami, Beirut, Muassasah A'lami lil Mathbu'at, 1423 H.
  • Majlisi, Muhammad Baqir, Tuhfatuz Zair, Panalungtikan jeung Periksa ku Lembaga Imam Hadi, Qom, Muassasah Imam Hadi, cetakan kahiji, 1386 H.
  • Mahallati, Dzabihullah, Riyahin asy-Syari'ah, Dar al-Kutub al-Islamiyah, Teheran, tanpa tahun.
  • Muhammad Bigi, Ilyas, Furughi az Kautsar, Qom, Penerbit Zair, 1387 H.
  • Mehdipour, Ali Akbar, Kahirupan Karimah Ahlul Bait AS, Qom, Penerbit Hadziq, 1384 H.
  • Mehdipour, Ali Akbar, Karimah Ahlul Bait (S.A.W), Qom, Penerbit Hadziq, cetakan kahiji, 1374 H.
  • Ya'qubi, Ahmad bin Abi Ya'qub, Tarikh al-Ya'qubi, Panalungtikan Abdul Amir Mihna, Beirut, Muassasah al-A'lami lil Mathbu'at, cetakan kahiji, 1413 H.

Tumbu kaluar