Lompat ke isi

Kenabian Khusus

Ti wikishia
Artikel ieu ngeunaan kenabian Nabi Muhammad SAW. Pikeun bahasan kenabian sacara umum, tingali kenabian jeung kenabian Umum.

kenabian khusus istilah téologis anu nuduhkeun sakumpulan bahasan ngeunaan kenabian Nabi Muhammad SAW. Kenabian khusus dibédakeun tina kenabian Umum, anu ngabahas masalah kenabian sacara umum. Dina buku-buku téologis, aya sababaraha masalah kenabian khusus saperti: bukti-bukti kenabian Nabi Muhammad SAW, mukjizat Al-Qur'an, jeung (penutup para nabi).

Semantik

Kenabian khusus nyaéta sakumpulan bahasan anu dikhususkeun pikeun salah sahiji nabi nu tangtu.[1] Kenabian khusus sabalikna tina kenabian umum[2] sarta ngabahas perkara-perkara saperti dalil-dalil kenabian hiji jalma nu tangtu (Nabi Muhammad SAW) jeung mukjizat-mukjizatna.[3]

Bahasan Kenabian Khusus

Dina buku-buku téologis umat Islam, dina bahasan kenabian khusus aya dalil-dalil pikeun ngabuktikeun kenabian Nabi Muhammad SAW.[4] Sajaba ti éta, dina sababaraha buku téologis, masalah khatamiyyah (panutup) kenabian Nabi Muhammad SAW ogé dibahas.[5]

Sababaraha bahasan ngeunaan kenabian khusus dina buku-buku téologis umat Islam di antarana:

Mukjizat

Artikel utama: Mukjizat Nabi jeung Mukjizat Al-Qur'an

Bagian utama tina bahasan kenabian khusus dikhususkeun pikeun mukjizat-mukjizat Nabi Muhammad SAW, nu dina hal ieu utamana Al-Qur'an dijadikeun mukjizat anu paling penting anu dibahas sacara jentre.[6] Sababaraha buku téologis ngan ukur ngabahas mukjizat Al-Qur'an tina sababaraha aspék.[7] Sababaraha aspék mukjizat Al-Qur'an numutkeun laporan dina buku-buku téologis di antarana: mukjizat sastra Al-Qur'an, mukjizat Al-Qur'an dina bidang hukum jeung pangaweruh, ramalan-ramalan Al-Qur'an, jeung mukjizat ilmiah Al-Qur'an.[8]

Warta Para Nabi Saméméhna

Dina sababaraha buku téologis, aya ogé bahasan ngeunaan warta ti para nabi samemehna ngeunaan kenabian Nabi Muhammad SAW.[9] Sabagian golongan nganggap warta ti nabi-nabi samemehna éta salaku salah sahiji dalil pikeun ngabuktikeun kenabian Nabi.[10] Maranéhna yakin aya bukti-bukti dina Injil jeung Taurat anu nunjukkeun yén nabi-nabi samemehna warta munculna Nabi Muhammad SAW.[11] Tapi, numutkeun kapercayaan sababaraha pihak, pernyataan ieu henteu leres, sarta ungkalan-ungkalan anu dijadikeun rujukan éta, henteu nunjukkeun kana munculna Nabi Muhammad SAW.[12]

Khatamiyyah (Panutup)

Artikel utama: Khatamiyyah

Muslimin sacara sapuk yakin yén Nabi islam nyaéta utusan Allah anu pangtungtungna.[13] Ku kituna, dina bahasan kenabian khusus masalah khatamiyyah (panutup) ogé dibahas.[14] Numutkeun kapercayaan para ulama Muslim, Al-Qur'an jeung seueur hadits nunjukkeun yén Nabi Muhammad SAW nyaéta nabi anu pangtungtungna.[15]

Sababaraha dalil dina hal ieu di antarana:

  • Ayat 40 Surat Al-Ahzab: (مَّا كَانَ مُحَمَّدٌ أَبَا أَحَدٍ مِّن رِّ‌جَالِكُمْ وَلَـٰكِن رَّ‌سُولَ اللَّـهِ وَخَاتَمَ النَّبِيِّينَ)

"Muhammad itu lain bapa dari salah saurang lalaki di antarana anjeun, tapi Rasulullah jeung panutup para nabi".

  • Hadis Al-Manzilah: Dina riwayat ieu anu aya dina sababaraha sumber Syiah jeung sunni,[16] Nabi Muhammad SAW nyarios ka Imam Ali AS: "Tempatna anjeun ka abdi sapertos tempatna Harun ka Musa, iwal ti éta sanggeus abdi moal aya deui nabi."[17]
  • Ucapan Imam Ali AS dina Nahjul Balaghah:[18] Contona, dina Khutbah kahiji Nahjul Balaghah disebutkeun: "Allah ngutus Muhammad pikeun minuhan jangjiNa jeung pikeun ngeureunkeun kenabianna."

Catetan Handap

  1. Sobhani, Aqaid Islami, 1379 HS, kaca 226; Sa'idi Mehr, Amozesy Kalame Islami, 1388 HS, jilid 2, kaca 14.
  2. Sa'idi Mehr, Amozesy Kalame Islami, 1388 HS, jilid 2, kaca 14.
  3. Muthahhari, Majmu'e Asar, 1377 HS, jilid 4, kaca 527; Sa'idi Mehr, Amozesy Kalame Islami, 1388 HS, jilid 2, kaca 88.
  4. Contona, tingali Sobhani, Aqaid Islami, 1379 HS, kaca 303-414; Sa'idi Mehr, Amozesy Kalame Islami, 1388 HS, jilid 2, kaca 87-121.
  5. Contona, tingali Rabbani Golpayegani, Aqaid Istidlali, 1392 HS, kaca 75-102.
  6. Contona, tingali Sobhani, Aqaid Islami, 1379 HS, kaca 322-414.
  7. Contona, tingali Sobhani, Aqaid Islami, 1379 HS, kaca 322-414.
  8. Rabbani Golpayegani, Aqaid Istidlali, 1392 HS, kaca 67-72.
  9. Contona, tingali Sa'idi Mehr, Amozesy Kalame Islami, 1388 HS, jilid 2, kaca 116-118.
  10. Soleimani, "Al-Qur'anul Karim jeung Warta Para Nabi", kaca 51, 52.
  11. Contona, tingali Sa'idi Mehr, Amozesy Kalame Islami, 1388 HS, jilid 2, kaca 116-118.
  12. Soleimani, "Al-Qur'anul Karim jeung Warta Para Nabi", kaca 52-54.
  13. Javadi Amoli, "Khatamiyyah Nabi Muhammad SAW", kaca 6.
  14. Contona, tingali Sa'idi Mehr, Amozesy Kalame Islami, 1388 HS, jilid 2, kaca 123-127.
  15. Contona, tingali Javadi Amoli, "Khatamiyyah Nabi Muhammad SAW", kaca 6.
  16. Sa'idi Mehr, Amozesy Kalame Islami, 1388 HS, jilid 2, kaca 126.
  17. Kulaini, Al-Kafi, 1407 H, jilid 8, kaca 166, 167.
  18. Contona, tingali Nahjul Balaghah, Khutbah 1, 133, 173, 235.

Daptar Pustaka

  • Al-Quran Karim, Tarjamahan Mohammad Mehdi Fuladvand.
  • Javadi Amoli, Abdollah, "Khatamiyyah Nabi Muhammad SAW", Pasdar Islam, No. 259, 1382 S.
  • Rabbani Golpayegani, Ali, Aqaid Istidlali, Qom, Markaz Nashr Hajar, Cetakan kaopat, 1392 S.
  • Sobhani, Ja'far, Aqaid Islami dina Panyangcangan Quran, Hadits, jeung Akal, Qom, Muassasah Bustanul Kitab, Cetakan kadua, 1386 S.
  • Sa'idi Mehr, Mohammad, Amozesy Kalam Islami (Rahmuna Syenasi-Ma'ad Syenasi), Qom, Kitab Thaha, Cetakan kagenep, 1388 S.
  • Soleimani Ardestani, Abdorrahim, "Al-Qur'anul Karim jeung Warta Para Nabi", Haft Aseman, No. 16, 1381 S.
  • Kulaini, Mohammad bin Ya'qub, Al-Kafi, Panalungtikan Ali Akbar Ghaffari jeung Mohammad Akhondi, Teheran, Dar Al-Kutub Al-Islamiyah, Cetakan kaopat, 1407 H.
  • Muthahhari, Morteza, Majmu'e Asar Ostad Syahid Muthahhari, Teheran, Sadra, Cetakan kaopat, 1377 S.
  • Nahjul Balaghah, Cetakan Subhi Shaleh, Kairo 1411 H / 1991 M.