Lompat ke isi

Longmarch Arbain (Tradisi)

Ti wikishia
Artikel ngeunaan Lalampahan Arbain (Tradisi) ieu aya patalina jeung tulisan ngeunaan Panggetan Arbain Imam Husain AS jeung Ziarah Arbain.
Hiji gambar tina longmarch Arbain dina taun 1970 M.

Lalampahan Arbain atawa Longmarch Arbain mangrupa salah sahiji tradisi Syiah anu dilaksanakeun dina poé-poé ahir 20 Shafar (Panggetan Arbain Imam Husain AS) nuju Karbala kalawan tujuan ngalaksanakeun Ziarah Arbain. Ieu lalampahan dimimitian ti sababaraha titik di Irak jeung sababaraha kota di Iran. Kalolobaan jamaah ti Iran jeung jamaah ti nagara-nagara kawas Pakistan, jalur anu dilalui nyaéta ti Najaf ka Karbala (kira-kira 80 kilométer). Sapanjang jalur longmarch, aya tempat-tempat palayanan pikeun jamaah anu disebut maukib.

Dina mangsa pamaréntahan Saddam Hussein, aya pancegahan dina ngalaksanakeun ritual ieu; tapi, sanggeus runtuhna Partai Ba'ath Irak dina taun 2003 M/1382 HS, ritual ieu dihirupkeun deui sarta unggal taunna salian ti urang Syiah Irak, urang Syiah ti nagara-nagara séjén utamana Iran ogé milu dina Longmarch Arbain. Numutkeun laporan, salian ti urang Syiah, grup-grup ti Ahlus Sunnah, urang Kristen, Yazidi, jeung agama-agama séjénna ogé hadir dina Pawéyan Arbain.

Dina taun-taun ayeuna, jutaan jalma ngiring dina longmarch ieu; ku cara kieu, kajadian ieu dianggap papada taunan agama panggedéna di dunya. Ngeunaan jumlah anu hadir dina longmarch ieu, aya laporan antara dua belas juta nepi ka leuwih ti dua puluh juta jalma. Numutkeun laporan ti Atabah Abbasiah, statistik jamaah taun 1402 HS leuwih ti 22 juta jalma, jeung jumlah jamaah taun 1403 HS leuwih ti 21 juta jalma.

Anjuran pikeun Ziarah Arbain

Imam Hasan Al-Askari AS:

Tanda-tanda mukmin aya lima perkara:

Artikel Utama: Ziarah Arbain

Numutkeun hiji hadits ti Imam Hasan al-Askari AS, Ziarah Arbain geus disebutkeun salaku salah sahiji tanda-tanda mukmin.[2] Sababaraha ulama nganggap hadits ieu salaku dalil ngagungkeun Arbain Imam Husain AS?.[3] Allamah Majlisi ngeunaan sabab disunnahkeunna Arbain nyatakeun: sanajan nu masyhur di kalangan ulama nyaéta yén sabab mustahabna nyaéta balikna tawanan Karbala ka Karbala jeung digabungkeunna sirah-sirah syuhada jeung awak-awakna ku Imam Sajjad AS; tapi balikna para tawanan ka Karbala dina Arbain anu kahiji téh jauh; ku kituna, meureun sabab disunatna Ziarah Arbain nyaéta ziarahna Jabir bin Abdullah al-Anshari salaku peziarah makam Imam Husain AS anu munggaran atawa dibebaskeunna tawanan Karbala tina panangkaran jeung panyawatna dina poé ieu.[4]

Saleresna, hiji naskal ziarah pikeun poé Arbain ogé diriwayatkeun ti Imam Ja'far ash-Shadiq AS.[5] Syaikh Thusi dina Tahdzib al-Ahkam[6] jeung Mishbah al-Mutahajjid[7], sarta Syaikh Abbas Qummi dina Mafatih al-Jinan,[8] geus nyebut nakah ziarah ieu kalawan judul "Ziarah Arbain".

Sajarah

Panempoan jamaah Karbala dina Longmarch Arbain

Numutkeun sababaraha panalungtik, tradisi longmarch dina poé Arbain geus lumangsung ti jaman Para Imam Maksum AS di kalangan umat Syiah. SayyidMuhammad Ali Qadhi Tabatabai dina bukuna Riset ngeunaan Arbain Pertama Sayyidasy-Syuhada, nyebutkeun yén ziarah ka Imam Husain dina poé Arbain mangrupa tradisi jeung prakték anu terus-terusan dilakukeun ku umat Syiah ti jaman para Imam, anu tetep dipertahankeun sanajan dina mangsa Bani Umayyah jeung Bani Abbasiyah.[9]

Dicaritakeun yén tradisi leumpang ieu lumangsung dina mangsa Syaikh al-Ansari (1214–1281 H) sarta loba ulama anu leumpang ti Najaf nuju Karbala; tapi tradisi ieu geus poho dina mangsa Mirza Husain an-Nuri sarta anjeunna nu ngahirupkeun deui. Muhaddits Nuri, murid-muridna, jeung pengiringna nempuh jarak Najaf ka Karbala salila tilu poé.[10] Panulis buku Adab ath-Thuff dina laporan ngeunaan upacara Arbain di Karbala, ngabandingkeun kempelna jalma-jalma dina acara ieu jeung kempelna umat Islam di Mekah, sarta nunjuk kana ayana rombongan duka di dinya, anu sababaraha di antarana maca marziah dina basa Turki, Arab, Persia, jeung Urdu. Adab ath-Thuff diterbitkeun dina taun 1388 H/1967 M, sarta panulisna ngira-ngira jumlah peserta longmarch Arbain leuwih ti sajuta jalma.[11]

Dina Arbadulur Arbain taun 1394 HS, salat jama'ah anu panjangna 30 kilométer dilaksanakeun sapanjang jalur Najf ka Karbala sarta rébuan jamaah miluan di dinya.[12]

Larangan Longmarch dina Masa Saddam

Dina ahir abad ka-14 Hijriyah, Partai Ba'ath Irak nentang diayakeunana acara Longmarch Arbain, sarta kadang-kadang ngaperlakukeun anu milu pawéyan kalayan kasar. Hal ieu nyababkeun acara ieu jadi sepi. Dicaritakeun yén Ayatullah Sayyid Muhammad Shadr dina hiji mangsa, ngumumkeun yén leumpang ka Karbala téh wajib.[13]

Kebangkitan Arbain

Artikel Utama: Kebangkitan Bulan Shafar di Irak

Dina taun 1397 H (sarua jeung 1977 M-1355 HS), Partai Ba'ath Irak ngalarang diayakeunna acara-acara kaagamaan, nyadiakeun maukib, jeung lalampahan ka Karbala;[14] tapi masarakat Najf dina 15 Shafar taun éta siap-siap pikeun ngayakeun acara Lalampahan Arbain[15] sarta indit ka Karbala. Gerakan ieu ditanggepi ku pamaréntahan Saddam Hussein tuluy sajumlah masarakat tiwas sarta grup séjénna ditahan.[16] Sayyid Muhammad Baqir al-Hakim dina kebangkitan ieu dihukum panjara saumur hirup[17] sarta pikeun sababaraha ulama sapertos Allamah al-Askari, Sayyid Muhammad Husain Fadlullah anu ngungsi ti Irak, ogé dikaluarkeun hukuman hukuman pati in absentia (secara ghaib).[18]

Paningkatan Jumlah Jamaah Arbain

Ayatullah Khamenei:

"Fenomena anu teu aya tara jeung teu pernah aya saméméhna ogé kajantenan dina taun-taun ayeuna ieu, nyaéta lalampahan long march... nepi ka Karbala. Gerakan ieu mangrupa gerakan cinta jeung iman. Urang ogé ningali ti kajauhan kana gerakan ieu, sarta ghibtah (sirik) ka jalma-jalma anu ngagaduhan kasempetan ieu jeung ngalaksanakeun gerakan ieu."[19]

Kalayan runtuhna Partai Ba'ath Irak dina taun 2003 M/1382 HS, acara Longmarch Arbain dihirupkeun deui di Irak sarta sanggeus éta, unggal taun jumlahna beuki loba tibatan taun saméméhna.[20] Dina mimiti gerakan ieu, dua nepi ka tilu juta jalma hadir; tapi dina taun-taun saterusna, jumlah jamaah anu milu dina longmarch ieu ngahontal leuwih ti sapuluh juta jalma;[21] nepi ka dianggap salaku salah sahiji longmarch kaagamaan panggedéna di dunya.[22]

Pengurus Astana Abbas AS dina taun 1395 HS (2016 M) ngumumkeun ngaliwatan hiji warta yén dina tilu belas poé nuju Arbain (nyaéta ti 7 Shafar nepi ka 20 Shafar) leuwih ti sabelas juta dua ratus rébu jalma asup ka Karbala.[23] Dina taun 1397 HS (2018 M), Pengurus Astana Imam Husain AS dina hiji pernyataan ngumumkeun yén dina sapuluh poé nuju Arbain (ti 10 nepi ka 20 Shafar) leuwih ti sabelas juta dalapan ratus lima puluh rébu jalma geus asup ka kota ieu ngaliwatan gerbang-gerbang utama Karbala. Jalma-jalma anu asup ka Karbala ngaliwatan gang-gang samping atawa alesan naon waé anu teu asup ka puseur kota (wewengkon radius kirang langkung tilu kilométer ti masjid) teu kaétang dina statistik ieu.[24] Ngeunaan jumlah jamaah, aya seueur statistik séjén anu diterbitkeun dina situs jeung média warta; sababaraha laporan ngalaporkeun partisipasi 15 juta jamaah Syiah dina longmarch ieu.[25]

Dina taun 1401 HS/1444 H, anu mangrupikeun taun kahiji tanpa watesan COVID sanggeus sababaraha taun panyebaran COVID, kantor-kantor warta ngumumkeun jumlah jamaah Karbala langkung ti 21 juta.[26] Angka ieu naek jadi 22 juta jalma dina taun 1402 HS/2023 M[27] anu leuwih ti opat juta di antarana urang Iran.[28]

Longmarch Arbain dina usum panas ti Ra's al-Bisyah di bagian kidul Irak caket Teluk Persia

Jamaah Non-Pribumi anu Hadir dina Longmarch

Dicaritakeun yén dina Longmarch Arbain, aya jamaah ti tujuh puluh nagara di dunya sapertos Austria, Australia, Swedia, Amérika, Inggris, Argentina, jeung Rusia.[29] Statistik ti Kamentrian Dalam Negeri Irak nunjukkeun yén dina taun 1393 HS, sahenteuna sajuta jeung 300 rébu jamaah asing sumping ka Irak jeung miluan Longmarch Arbain.[30] Numutkeun statistik pamaréntah Irak dina taun 1397 HS (2018 M), jumlah ieu ngahontal langkung ti sajuta dalapan ratus rébu jalma.

Dina taun 1401 HS, jumlah jamaah non-Irak diumumkeun lima juta[31] anu ti jumlah éta tilu juta lima ratus rébu urang Iran.[32]

centers
Statistik Jamaah Lalampahan Arbain Ti Taun 1389 Nepi Ka 1403 HS
Taun Jumlah Total Jamaah (jalma) Jamaah Irak Jamaah Iran
1447 H/1404 HS/2025 M 21,103,524[35]
1446 H/1403 HS/2024 M 21,480,525[36] 3,658,889 (Jumlah jamaah anu ngaliwatan wates Iran)[37]
1445 H/1402 HS/2023 M 22,019,146[38] 4,050,000[39]/4,150,000 (500 rébu jalma mangrupikeun warga nagara asing anu angkat ka Irak ngaliwatan wates Iran.)[40]
1444 H/ 1401 HS/2022 M 21,198,640[41] 3,500,000[42]
1443 H/1400 HS/2021 M 16,327,542[43] 60,000 jalma (Watesan kusabab COVID)[44]
1442 H/ 1399 HS/2020 M 14,553,308[45] Teu aya partisipasi kusabab COVID
1441 H/ 1398 HS/2019 M 15,229,955[46] 3,500,000[47]
1440 H/ 1397 HS/2018 M 15,322,949[48] 2,000,000[49]
1439 H/ 1396 HS/2017 M 13,874,818[50] 2,320,000[51]/2,350,000[52]
1438 H/ 1395 HS/2016 M 11,210,367[53] 2,200,000[54]/2,500,000[55]
1437 H/1394 HS/2015 M 22,000,000[56] 1,700,000[57]
1436 H/1393 HS/2014 M 22,000,000[58] 1,200,000[59]
1435 H/1392 HS/2013 M 802,000[60]
1434 H/1391 HS/2012 M 480,000[61]
1433 H/1390 HS/2011 M 80,000[62]
1432 H/1389 HS/2010 M Langkung ti 16 juta[63] 40,000[64]

Jalur jeung Jarak Lalampahan

Jalur-jalur Lalampahan Arbain di Irak

Jamaah Irak indit ti kota-kotana nuju Karbala; tapi kalolobaan jamaah Iran ogé jamaah ti nagara-nagara sapertos Pakistan[65] anu asup ka Irak ngaliwatan Iran milih jalur Najaf nepi ka Karbala pikeun lalampahan. Jarak lalampahan dina jalur utama kira-kira 80 kilométer, anu biasana ditempuh salila dua dugi ka tilu poé. Aya 1452 pilar dina jalur Najaf ka Karbala.[66]

Ogé aya jalur alternatif pikeun Najaf ka Karbala anu katelah "Thariq al-'Ulama" atanapi "Thariq al-Furat" jeung sababaraha jamaah Arbain angkat ka Karbala ngaliwatan jalur ieu. Thariq al-'Ulama ngalangkungan kebon korma di sapanjang Furat jeung jarakna 89 kilométer. Ti baheula, para ulama Najaf ngagunakeun jalur ieu pikeun lalampahan Arbain.[67]

Jalur Baghdad (Kazhimain) - Musayyib - Karbala jeung jalur Hilla - Tuwairij - Karbala ogé mangrupikeun jalur lalampahan Arbain anu sanés; tangtosna, seuseueurna urang Irak ngagunakeun dua jalur ieu. Kalolobaan maukib ogé milik urang Irak.[68]

Lalampahan Ti Kota-kota Iran

Sababaraha jamaah ngamimitian lalampahan ti kota-kota Iran. Masyayah al-Ahwaz nyaéta ngaran iring-iringan anu ngamimitian lalampahan ti Ahvaz sarta sapanjang jalur, masarakat ti sababaraha kota jeung désa ngagabung.[69] Jumlah jalma dina iring-iringan ieu anu ngamimitian perjalanan ti 5 Shafar, kadang ngahontal langkung ti opat puluh rébu jalma.[70]

Sababaraha masarakat ti daérah séjén di Iran sapertos sababaraha kota di Propinsi Bushehr, Iran, ogé ngalaksanakeun lalampahan nuju Karbala.[71]

Adat Istiadat

Lalampahan Arbain di Irak dibarengan ku adat istiadat jeung ritual; di antarana Pembacaan Syair Huseini jeung silaturahmi ka jamaah ku suku-suku padésan di sisi Walungan Furat.

Hoseh: Salah sahiji adat istiadat urang Irak dina jalur ka Karbala dina poé Arbain nyaéta Pembacaan Syair Imam Husain AS; Hoseh nujul kana puisi-puisi husus pikeun suku-suku Arab di kidul Irak. Sajak-sajak ieu ngagambarkeun kapahlawanan jeung kawani sarta dipaké pikeun ngahudangkeun tekad lalaki pikeun ngalakonan pagawéan anu hese jeung ageung. Sanggeus pujangga maca, hadirin ngulang hiji bait tina eta sarta gerak dina bentuk bunderan.[72]

Mimitian Acara: Ritual duka dimimitian ti lima poé saméméh Arbain kalawan datangna karavan pawayangan (drama anu ngagambarkeun kajadian di Karbala). Sanggeus éta, rombongan tapok dada jeung tapok ranté asup sarta acara utama dina poé Arbain dimimitian dua jam sanggeus lohor. Jamaah nangtung deukeut panto asup Haram Imam Husain AS, bari nepok dada maranéhna, maca jeung ngulang Syair duka, sarta di tungtung tapok dada, aranjeunna ngangkat leungeun maranéhna salaku salam jeung hormat.[73]

Artikel Utama: Maukib

Jamuan ka Jamaah Ziarah: Suku-suku padésan di sisi Walungan Furat dina mangsa acara longmarch, ngadegkeun tenda-tenda ageung di sapanjang jalur lalampahan anu disebut "maukib" atanapi "mudhif".Jamaah diajak istirahat sareng disayogi ku sajian kadaharan di dinya[74] Komunitas-komunitas agama Irak ngadegkeun seueur maukib jeung nyayogikeun jasa ka jamaah sacara gratis. Pangaturan maukib dilaksanakeun sacara swadaya masarakat jeung mandiri ti pamaréntah.[75]

Numutkeun sekretaris panitia partisipasi masarakat, akomodasi jeung nutrisi markas Arbain, dina acara longmarch, urang Irak ngadegkeun 40 rébu maukib sedengkeun urang Iran ngadegkeun 2000 maukib.[76] Numutkeun laporan penanggung jawab bagian maukib, dina taun 1401 HS, di kota Karbala langkung ti dua belas rébu maukib parantos diadegkeun.[77]

Lalampahan Jamaah Arbain anu Tinggaleun

Artikel Utama: Jamaah Arbain anu Tinggaleun (tradisi)

Unggal taun dina mangsa Arbain, diayakeun upacara di sababaraha kota di Iran anu dingaranan Jamaah Arbain anu Tinggaleun.[78] Dina upacara ieu, jalma-jalma anu teu tiasa hadir dina longmarch Arbain taun éta di Irak, nempuh jalur anu ditangtukeun ku leumpang.[79] Upacara ieu ogé diayakeun di nagara-nagara Irak,[80] Pakistan[81] jeung Afganistan.[82]

Bibliografi

Ngeunaan longmarch Arbain jeung sababaraha masalah sabudeureun éta, aya sababaraha buku anu diterbitkeun, di antarana:

  • Kumpulan genep jilid "Saragaz" anu diturunkeun tina ucapan Sayyid Ali Khamenei, anu ngajelaskeun lima misi utama Longmarch Arbain. Misi-misi ieu ngawengku persatuan, ngahirupkeun kajadian Karbala, perang bener ngalawan salah, ngajelaskeun kajadian lalampahan Arbain, jeung nyieun modél. Kumpulan ieu dihimpun ku Sayyid Muhammad Shadiqhi Armawan sarta diterbitkeun dina taun 1398 HS ku Penerbit Shahid Kazemi. Jilid kahiji tina séri ieu dikhususkeun pikeun kata pengantar.[83]
  • Be Sahra Shoda, Eshq baride bod...(Ka Gurun Kuring Angkat, Cinta Geus Turun...) Laporan ngeunaan Longmarch Arbain ku Gholamali Haddad Adel, Tehran, Kantor Penerbitan Budaya Islam, Cetakan Katilu 1397 HS.[84]

Catetan Handap

  1. Syaikh Thusi, Tahdzib al-Ahkam, 1407 H, jilid 6, kaca 52.
  2. Syaikh Mufid, al-Mazar - Manasik al-Mazar, 1413 H, kaca 53; Syaikh Thusi, Tahdzib al-Ahkam, 1407 H, jilid 6, kaca 52.
  3. Contona tingali: Jafarian, "Naon alesan ngagungkeun Arbain?", kaca 40.
  4. Majlisi, Bihar al-Anwar, 1403 H, jilid 98, kaca 334.
  5. Syaikh Thusi, Tahdzib al-Ahkam, 1407 H, jilid 6, kaca 113.
  6. Syaikh Thusi, Tahdzib al-Ahkam, 1407 H, jilid 6, kaca 113 jeung 114.
  7. Syaikh Thusi, Mishbah al-Mutahajjid, 1411 H, jilid 2, kaca 788-790.
  8. Mafatih al-Jinan, Ziarah Arbain, Bab Ziarat, kaca 642.
  9. Qadhi Tabatabai, Riset ngeunaan Arbain Pertama Sayyidasy-Syuhada, 1368 HS, kaca 2.
  10. «زندگی‌نامه میرزا حسین نوری», Situs Balagh.
  11. Syubbar, Adab ath-Thuff wa Syu'ara' al-Husain AS, 1401 H, jilid 1, kaca 41.
  12. "«برپایی بزرگ‌ترین نماز جماعت بین کربلای معلی و نجف اشرف به‌طول ۳۰ کیلومتر»", Kantor Berita Tasnim; "«اقامه نماز جماعت 30 کیلومتری در جاده نجف به کربلا+ویدئو»", Jaringan Al-Alam.
  13. Mudzahiri, Budaya Duka Syiah, 1395 HS, kaca 102.
  14. Mu'min, Sanawat al-Jamar, 2004 M, kaca 165.
  15. Asadi, Mujaz Tarikh al-'Iraq as-Siyasi al-Hadits, 2001 M, kaca 101.
  16. Wili, Gerakan Islam Syiah Irak, 1373 HS, kaca 81.
  17. Asadi, Mujaz Tarikh al-'Iraq as-Siyasi al-Hadits, 2001 M, kaca 103.
  18. Wili, Gerakan Islam Syiah Irak, 1373 HS, kaca 82.
  19. "«پیاده‌روی اربعین؛ بزرگ‌ترین گردهمایی عالم»", Situs Resmi Ayatullah Khamenei.
  20. Mudzahiri, Budaya Duka Syiah, 1395 HS, kaca 102.
  21. «اربعین، شکوه بیعتی مجدد با امام حسین», Kantor Berita Tasnim.
  22. «اربعین، شکوه بیعتی مجدد با امام حسین», Situs Koran Le Monde.
  23. «أعداد الزائرین المشاة نهاراً فی أربعینیة الإمام الحسین(علیه‌السلام)», Situs Resmi Astana Abbas AS.
  24. « الکشف عن الاحصائیة الاولیة لاعداد الزائرین بحسب ما رصدته کامیرات العتبة الحسینیة», Situs Resmi Astana Imam Husain AS.
  25. «۱۵ میلیون شیعه در حال رسیدن به کربلا»
  26. Tingali: "«تعداد زائران اربعین اعلام شد»", Kantor Berita ISNA; "«رکوردهایی که در اربعین ۱۴۰۱ش به دست آمد»", Kantor Berita Fars.
  27. "«تعداد نهایی زائران اربعین امسال ۲۲ میلیون نفر اعلام شد»", Kantor Berita Mehr.
  28. "«آمار حضور ایرانی‌ها در اربعین امسال به چهار میلیون و ۵۰ هزار نفر رسید»", Kantor Berita Tasnim.
  29. «۷ رکورد جهانی پیاده‌روی اربعین», Kantor Berita Fars.
  30. «تعداد زائر غیرعراقی در اربعین», Situs Berita Farda.
  31. «آمار رسمی عراق: شمار زائران اربعین امسال از ۲۰ میلیون گذشت», Perwakilan Wilayah Faqih dina Urusan Haji jeung Ziarah.
  32. Tingali: «رکوردهایی که در اربعین ۱۴۰۱ش به دست آمد», Kantor Berita Fars.
  33. (Tingali: «هام جدّاً.. العتبةُ العبّاسیةُ المقدّسة تُعلن عن أعداد زائری أربعینیّة الإمام الحسین (علیه السلام) لهذا العام 1441هـ», Jaringan Al-Kafeel Global.)
  34. (Contona tingali: «العتبةُ العبّاسية المقدّسة: عددُ زائري أربعينيّة الإمام الحسين (عليه السلام) بلغ أكثر من 21 مليون زائر», Jaringan Al-Kafeel Global; «العتبةُ العبّاسية المقدّسة: أكثر من 14 مليون زائرٍ أحيوا زيارة الأربعين لعام 1442هـ.», Jaringan Al-Kafeel Global)
  35. «العتبة العبّاسية المقدّسة تعلن عدد المشاركين في إحياء زيارة الأربعين لعام ١٤٤٧هـ / ٢٠٢٥م بلغ (21,103,524) زائراً.», Jaringan Al-Kafeel Global - Situs Resmi Astana Abbasiah Suci.
  36. «العتبة العباسیة تعلن أعداد الزائرین المشارکین فی إحیاء زيارة الأربعین», Jaringan Al-Kafeel Global - Situs Resmi Astana Abbasiah Suci.
  37. «اطلاعیه شماره ۱۹ ستاد مرکزی اربعین حسینی(ع)», Situs Kamentrian Dalam Negeri.
  38. «العتبة العباسية تعلن اعداد الزائرين المشارکین فی احیاء زیارة الأربعین», Jaringan Al-Kafeel Global - Situs Resmi Astana Abbasiah Suci.
  39. «آمار حضور ایرانی‌ها در اربعین امسال به چهار میلیون و ۵۰ هزار نفر رسید», Situs Javan Online.
  40. «ناگفته‌های معاون وزیر کشور از اربعین امسال در دو سوی مرز», Situs Kamentrian Dalam Negeri.
  41. «العتبةُ العبّاسية المقدّسة: عددُ زائري أربعينيّة الإمام الحسين (عليه السلام) بلغ أكثر من 21 مليون زائر», Jaringan Al-Kafeel Global - Situs Resmi Astana Abbasiah Suci.
  42. «پایان فعالیت حدود ۳ هزار موکب ایرانی اربعین», Markas Pangwangunan Atabat A'liat.
  43. «العتبةُ العبّاسية المقدّسة: عددُ زائري أربعينيّة الإمام الحسين (عليه السلام) بلغ أكثر من 21 مليون زائر», Jaringan Al-Kafeel Global - Situs Resmi Astana Abbasiah Suci.
  44. «مرز مهران بسته است زوار مراجعه نکنند», Situs Kamentrian Dalam Negeri.
  45. «العتبةُ العبّاسية المقدّسة: عددُ زائري أربعينيّة الإمام الحسين (عليه السلام) بلغ أكثر من 21 مليون زائر», Jaringan Al-Kafeel Global - Situs Resmi Astana Abbasiah Suci.
  46. «العتبةُ العبّاسية المقدّسة: عددُ زائري أربعينيّة الإمام الحسين (عليه السلام) بلغ أكثر من 21 مليون زائر», Jaringan Al-Kafeel Global - Situs Resmi Astana Abbasiah Suci.
  47. «وزیر کشور:ایران در راهپیمایی اربعین ۳ میلیون و ۵۰۰ هزار زائر داشت», Kantor Berita Tasnim.
  48. «العتبةُ العبّاسية المقدّسة: عددُ زائري أربعينيّة الإمام الحسين (عليه السلام) بلغ أكثر من 21 مليون زائر», Jaringan Al-Kafeel Global - Situs Resmi Astana Abbasiah Suci.
  49. «آمار نهایی زائران اربعین ۹۷», Kantor Berita Al-Alam.
  50. «العتبةُ العبّاسية المقدّسة: عددُ زائري أربعينيّة الإمام الحسين (عليه السلام) بلغ أكثر من 21 مليون زائر», Jaringan Al-Kafeel Global - Situs Resmi Astana Abbasiah Suci.
  51. «اینفوگرافیک/آمار زائران ایرانی اربعین حسینی از سال ۹۰ تا ۹۶», Kantor Berita Ahlul Bait (ABNA); «آمار زائران اربعین حسینی از سال ۹۰ تا ۹۶+اینوگرافیک», Kantor Berita Klub Wartawan Muda.
  52. «آمار نهایی زائران اربعین ۹۷», Kantor Berita Al-Alam.
  53. «العتبةُ العبّاسية المقدّسة: عددُ زائري أربعينيّة الإمام الحسين (عليه السلام) بلغ أكثر من 21 مليون زائر», Jaringan Al-Kafeel Global - Situs Resmi Astana Abbasiah Suci.
  54. «افزایش 55 برابری زائران ایرانی اربعین در کربلا از سال ۸۹ تا ۹۵», Kantor Berita Mashregh; «افزایش ۵۵ برابری زائران ایرانی اربعین در کربلا از سال ۸۹ تا ۹۵», Situs Koran Dunia Ékonomi.
  55. «امسال ۳ میلیون زائر در پیاده‌روی اربعین شرکت می‌کنند», Kantor Berita Mehr.
  56. «العتبةُ العبّاسيةُ المقدّسة: أكثر من (22) مليون زائر شاركوا في إحياء زيارة الأربعين لهذا العام», Jaringan Al-Kafeel Global - Situs Resmi Astana Abbasiah Suci.
  57. «افزایش ۵۵ برابری زائران ایرانی اربعین در کربلا از سال ۸۹ تا ۹۵», Kantor Berita Mashregh; [https://donya-e-eqtesad.com/بخش-سایت-خوان-62/3134603-افزایش-برابری-زائران-ایرانی-اربعین-در-کربلا-از-سال-تا «افزایش ۵۵ برابری زائران ایرانی اربعین در کربلا از سال ۸۹ تا ۹۵».
  58. میلیون زائر برای اربعین به کربلا رفتند», Kantor Berita Al-Alam.
  59. «افزایش ۵۵ برابری زائران ایرانی اربعین در کربلا از سال ۸۹ تا ۹۵», Kantor Berita Mashregh; «افزایش ۵۵ برابری زائران ایرانی اربعین در کربلا از سال ۸۹ تا ۹۵», Situs Koran Dunia Ékonomi.
  60. «افزایش ۵۵ برابری زائران ایرانی اربعین در کربلا از سال ۸۹ تا ۹۵», Kantor Berita Mashregh; «افزایش ۵۵ برابری زائران ایرانی اربعین در کربلا از سال ۸۹ تا ۹۵», Situs Koran Dunia Ékonomi.
  61. «افزایش ۵۵ برابری زائران ایرانی اربعین در کربلا از سال ۸۹ تا ۹۵», Kantor Berita Mashregh; «افزایش ۵۵ برابری زائران ایرانی اربعین در کربلا از سال ۸۹ تا ۹۵», Situs Koran Dunia Ékonomi.
  62. «افزایش ۵۵ برابری زائران ایرانی اربعین در کربلا از سال ۸۹ تا ۹۵», Kantor Berita Mashregh; «افزایش ۵۵ برابری زائران ایرانی اربعین در کربلا از سال ۸۹ تا ۹۵», Situs Koran Dunia Ékonomi.
  63. [https://alkafeel.net/fourty/index.php?mview=9 «استمرار توافد الزائرين سيرا على الاقدام الى كربلاء لاداء مراسيم زيارة الاربعين», Jaringan Al-Kafeel Global - Situs Resmi Astana Abbasiah Suci.
  64. «افزایش ۵۵ برابری زائران ایرانی اربعین در کربلا از سال ۸۹ تا ۹۵», Kantor Berita Mashregh; "Paningkatan 55 Kali Lipat Jamaah Iran Arbain di Karbala Ti Taun 89 Nepi Ka 95", Situs Koran Dunia Ékonomi.
  65. «ورود نخستین گروه زائران پاکستانی پیاده‌‎روی اربعین به عراق», Basis Informasi Atabat jeung Ziarah.
  66. «چرا پیاده‌روی اربعین ثواب دارد», Kantor Berita ISNA.
  67. Khalusi, «پیاده روی اربعین از مسیر طریق العلما به کربلا», Kantor Berita ISNA.
  68. «همه چیز درباره مسیرهای سفر اربعین», Kantor Berita Mehr.
  69. "\««مشایه الاهواز» بزرگ‌ترین کاروان زائران طریق الحسین(ع)», Kantor Berita Fars
  70. ««مشایه الاهواز» بزرگ‌ترین کاروان زائران طریق الحسین(ع)», Kantor Berita Fars
  71. «پیاده‌روی زائران اربعین در استان بوشهر», Kantor Berita Mehr
  72. Abazari, "Lalampahan Panggetan Arbain Imam Husain AS dina Sunnah jeung Ucapan Tokoh-Tokoh", kaca 146.
  73. Abazari, "Lalampahan Panggetan Arbain Imam Husain AS dina Sunnah jeung Ucapan Tokoh-Tokoh", kaca 147.
  74. Abazari, "Lalampahan Panggetan Arbain Imam Husain AS dina Sunnah jeung Ucapan Tokoh-Tokoh", kaca 163.
  75. Mudzahiri, Budaya Duka Syiah, 1395 HS, kaca 100.
  76. «جزئیاتی از موکب‌های اربعین اعلام شد», Kantor Berita ISNA.
  77. «تعداد زائران اربعین امسال اعلام شد | جدول تعداد زائران از سال ۱۳۹۵ تا کنون», Hamshahri Online.
  78. «حضور ۱۴میلیون نفری در آئین جاماندگان اربعین», Kantor Berita IRNA.
  79. Tingali: «صفر تا صد پیاده‌روی جاماندگان اربعین + عکس و فیلم», ISNA.
  80. «پیاده‌روی جاماندگان اربعین در جنوب عراق», Kantor Berita Mehr.
  81. «تجلی اربعین حسینی در پاکستان؛ ندای وحدت و برائت از تفرقه طنین‌انداز شد», Kantor Berita IRNA.
  82. «پیاده‌روی جا ماندگان اربعین در افغانستان به روایت تصویر», Kantor Berita IRNA.
  83. «سرآغاز؛ الگوى مفهومى پیاده‌روی اربعین از نگاه رهبر معظم انقلاب», Kantor Berita Mizan.
  84. «گزارشی از راهپیمایی اربعین، به صحرا شدم، عشق باریده بود» Situs Patuk Buku Farda.

Daptar Pustaka