Idul Ghadir
- Ieu artikel ngeunaan Idul Ghadir. Pikeun terang ngeunaan kajadian Ghadir, tingali Kajadian Ghadir. Pikeun maca naskah khutbah, tingali Khutbah Ghadir.

Idul Ghadir lumangsung dina 18 Dzulhijjah sarta mangrupa Id (raya) anu pangageungna pikeun umat Syiah lantaran dina Poé éta Imam Ali AS ditunjuk minangka pangganti Nabi Muhammad SAW. Aya sababaraha hadis ti Nabi Muhammad SAW sarta Para Imam ngeunaan kaagungan Poé ieu. Ibadah-ibadah anu dianjurkeun dina Poé ieu di antarana puasa, maca Ziarah Ghadiriyah, ngalaksansakeun Salat Ghadir, jeung nyuguhkeun dahareun ka para mukmin. Umat Syiah ngayakeun poé ieu kalayan suka bungah. Poé Idul Ghadir mangrupa Poé libur nasional di Iran. Di Iran, adatna umat Syiah silaturahmi ka Para Sayyid dina Poé ieu, sarta para Sayyid méré 'Idiah (kado). Ngadamel ikrar babarayaan ogé mangrupa salah sahiji adat umat Syiah dina Poé ieu.
Kajadian Ghadir
- Artikel utama: Kajadian Ghadir jeung Khutbah Ghadir
Rasulullah SAW dina bulan Dzulqa'dah taun 10 H indit ti Madinah ka arah Mekah babarengan jeung rébuan jalma pikeun ngalaksanakeun ibadah haji.[2] Kusabab ieu mangrupa ibadah haji anu terakhir Nabi SAW, éta kajadian katelah Haji Wada' (Haji Pameungpeuk).[3] Sanggeus ngabéréskeun sagala rukun haji, Nabi SAW jeung kaum muslimin balik deui ka Madinah. Dina 18 Dzulhijjah, maranéhna sumping di Ghadir Khum.[4] Jibril AS turun ka Nabi SAW sarta mawa paréntah ti Allah SWT yén Nabi Muhammad SAW kedah ngenalkeun Ali AS ka umat salaku panerusna.[5] Rasulullah SAW tuluy ngumpulkeun sadaya jamaah haji sarta ngenalkeun Imam Ali AS salaku khalifah panerusna.[6]
Kaagungan Poé Ghadir
Ngeunaan kaagungan Idul Ghadir, aya seueur hadis anu diriwayatkeun ti Opat Belas Maksum, di antarana:
- Rasulullah SAW: "Poé Ghadir Khum nyaéta poé raya anu panghadéna pikeun umat kuring. Éta Poé nalika Allah nyampurnakeun agama jeung ngalengkepan nikmatNa ka umat kuring, jeung milih Islam minangka agama pikeun maranéhna."[7]
- Imam Shadiq AS: "Idul Ghadir nyaéta Id anu pangageungna jeung pangmulyana pikeun umat Islam. jeung pantes dina unggal jamna pikeun ngucapkeun syukur ka Allah, jeung umat Islam puasa syukur, sabab puasa dina Poé ieu sarua jeung ibadah genep puluh taun."[8]
- Imam Shadiq AS: "Poé Ghadir Khum nyaéta Id anu agung pikeun Allah. Allah teu pernah ngutus saurang nabi pun, kecuali ngarayakeun Poé ieu jeung ngakuan kaagunganana. Ngaran Poé ieu di langit nyaéta Poé perjanjian jeun ikrar, sedengkeun di bumi nyaéta Poé Ikrar anu Kuat jeung pangumpulan masal."[9]
- Imam Ridha AS: "Poé Ghadir leuwih kasohor di kalangan penduduk langit tibatan penduduk bumi... Upami jalma-jalma terang nilai sabenerna Poé ieu, tangtosna malaikat bakal sasalaman jeung aranjeunna sapuluh kali unggal Poé ."[10]
- An-Nashibi asy-Syafi'i, salah saurang ulama Ahlus Sunnah, dina kitab Mathalib as-Suul negeskeun yén Poé 18 Dzulhijjah mangrupa Id.[11] Numutkeun anjeunna, poé ieu dijadikeun poé raya, usum, jeung tempat ngumpulna umat Islam; sabab nalika nalika Rasulullah SAW netepkeun Ali AS dina pangkat anu luhur ieu, teu aya saurang ogé anu disaratakeun sarua jeung Ali AS dina pangkat eta.[12] Numutkeun laporan Ibnu Khallikan dina Wafayat al-A'yan, bai'at ka Al-Musta'li bin Al-Mustanshir, salah sahiji pangawasa Mesir, lumangsung dina 18 Dzulhijjah 487 H, nyaéta Poé Idul Ghadir.[13]
Perayaan Ghadir

Numutkeun anu diriwayatkeun dina kitab Khasha'isul A'immah, Hassan bin Tsabit, dina Poé Idul Ghadir di hareupeun Rasulullah SAW di tengah kaum muslimin anu hadir di Ghadir Khum, macakan sajak kalayan sora anu nyaring.[14]
Ogé dumasar kana riwayat anu dinukil dina Mishbahul Mutahajjid, Imam Ridha AS nyieun majelis dina Poé Ghadir.[15] Ali bin Husain al-Mas'udi, sejarawan abad ka-4 Hijriyah, nyerat dina at-Tanbih wal Isyraf yén baraya jeung para pengikut Imam Ali AS ngagungkeun Poé ieu.[16] Al-Kulaini, ahli hadis abad ka-4 Hijriyah, ogé nukil dina hiji riwayat ngeunaan perayaan anu dilaksanakeun ku umat Syiah.[17]
Numutkeun laporan Ibnu Katsir, sejarawan Ahlus Sunnah dina abad ka-8 Hijriyah, dina pamaréntahan Bani Buwaih anu mangrupakeun pangawasa Syiah, Idul Ghadir ogé dinyatakeun salaku libur nasional jeung perayaan umum. Maranéhna ngajurung lembaga pamaréntahan jeung masarakat pikeun ngayakeun perayaan jeung ngahias kota-kota.[18] Dina perayaan ieu, maranéhna ngadiri tenda-tenda, ngagantung lambar-lambar (bendéra), jeung nyembelih onta. Peutingna maranéhna ngahurungkeun seuneu pikeun perayaan sarta suka bungah.[19] Sapertos anu dicaritakeun ku Gardizi, sejarawan abad ka-5 Hijriyah, anjeunna ogé nganggap Poé ieu salaku salah sahiji Poé agung Islam jeung Id pikeun umat Syiah.[20]
Di Mesir, para khalifah Fatimiyah ngayakeun perayaan Idul Ghadir. [21] Di Iran, dina mangsa Kakaisaran Safawiyah, Idul Ghadir mangrupikeun salah sahiji Id resmi.[22] Di Iran, Poé Idul Ghadir mangrupikeun Poé libur resmi.[23]
Poé Idul Ghadir di Iran mangrupikeun Poé libur resmi. Parlemén Irak dina tanggal 22 Méi 2024 M satuju pikeun netepkeun Poé ieu salaku libur resmi di nagara éta.[24] Sateuacanna, Idul Ghadir ngan ukur libur di sababaraha kota di Irak sapertos Karbala, Najaf, jeung Dzi Qar.[25]
Umat Syiah ogé ngagungkeun peuting Idul Ghadir sarta ngalaksanakeun Ihya (ibadah sapeuting suntuk).[26]
Amalan Idul Ghadir
- Artikel Utama: Amalan Idul Ghadir
- Ngalaksanakeun puasa; Numutkeun hiji riwayat ti Nabi Muhammad SAW anu dinukil dina kitab-kitab Ahlus Sunnah, saha waé anu puasa dina Poé 18 Dzulhijjah, Allah bakal catet pahala puasa genep bulan pikeun anjeunna.[27]
- Ngucapkeun kalimah (اَلحمدُ لِلهِ الّذی جَعَلَنا مِنَ المُتَمَسّکینَ بِولایةِ اَمیرِالمؤمنینَ و الائمةِ علیهم السلام); Hartosna: Alhamdulillah, anu ngajadikeun kami tina jalma-jalma anu nangtayungan kana wilayah Amirul Mukminin Imam Ali AS jeung Para Imam AS." nalika papanggih jeung sesama mukmin.[28]
- Ziarah ka Haram Imam Ali AS
- Ngalaksanakeun mandi
- Maca Ziarah Aminullah
- Maca Doa Nudbah
- Maca Ziarah Ghadiriyyah[29]
- Make pakéan anu saé (ra[ih jeung bersih)
- Nganggo wewangian
- Berhias
- Silaturahmi
- Ngaluaskan rejeki ka kulawarga (Lebetkeun duit pikeun nafkah kulawarga)
- Bagja jeung Seuri (Bungah sarta manyung)
- Méré kado ka sasama mukmin
- Papanggih jeung dulur-dulur saiman
- Bersyukur kana nikmat agung wilayah
- Ngucapkeun selawat anu loba
- Ngalakukeun ibadah anu loba
- Nyuguhkeun dahar ka kaum mukmin
- Méré hidangan buka puasa ka anu puasa.[30]
Solat Idul Ghadir
- artikel Utama: Solat Idul Ghadir
Numutkeun hiji riwayat ti Imam Shadiq AS, solatna dua rakaat. Dina unggal rakaat, maca Surah Al-Fatihah sanggeusna, sapuluh kali Surah Al-Ikhlas, sapuluh kali Ayat Kursi, jeung sapuluh kali Surah Al-Qadr. Sanggeus solat, aya doa anu diriwayatkeun pikeun dibaca.[31]
Adat Istiadat
Ngadatangan Para Sayyid
- Artikel Utama: Ngadatangan Para Sayyid (tradisi)
Umat Syiah di Iran jeung sababaraha nagara Islam lianna dina Poé Idul Ghadir ngadatangan Para Sayyid. Para Sayyid ogé, pikeun nyambut Poé éta, méré hadiah duit atanapi barang salaku kado;[32]
Méré Dahar dina Poé Ghadir
- Artikel Utama: Méré Dahar dina poé Ghadir (tradisi)
Umat Syiah dina Poé Idul Ghadir ngabuka tempat-tempat nyuguhkeun dahareun di masjid-masjid jeung tempat-tempat séjénna.[33] Ogé ngabagikeun inuman manis jeung jajanan di jalan-jalan. Numutkeun hiji riwayat anu dinukil dina Mishbahul Mutahajjid, nyuguhkeun dahareun ka saurang mukmin dina Poé Ghadir boga pahala sarua jeung nyuguhkeun dahareun ka sajuta nabi, shiddiq (nu dipercaya), jeung syahid.[34] Numutkeun riwayat ieu, Imam Ridha AS ngayakeun majelis dina Poé Idul Ghadir jeung ngajaga sababaraha sahabat khususna pikeun buka puasa di sisi anjeunna, jeung ngirim tuangeun jeung kado pikeun kulawarga maranéhna.[35]
Ikrar babarayaan
- Artikel Utama: Ikrar babarayaan
Numutkeun nukilanna Syekh Abbas Al-Qummi, salah sahiji adat dina Poé Idul Ghadir nyaéta ngadamel Aqd Ukhuwwah (ikrar babarayaan), anu eusina ngeunaan babarayaan jeung silih asih di dunya, sarta silih tulungan di akhirat.[36] Dumasar kana ieu, salah sahiji adat pikeun sabagian umat Syiah nyaéta macakeun ikrar babarayaan dina Poé Ghadir. Pusat Kabudayaan (Farhang-Saraye Andisheh), dina waktos anu sami jeung Idul Ghadir, ngayakeun kampanye virtual "Baradaraneh" (babarayaan), ngupayakeun pikeun ngahirupkeun deui tradisi ngadamel Ikrar babarayaan di antara umat Syiah jeung pemuka Ahlulbait, sarta nguatkeun sumanget solidaritas jeung persatuan di antara umat Islam sadunya.[37]
Bibliografi
Ngeunaan Idul Ghadir, aya sababaraha karya tulisan:
- 'Idul Gadhir baina ats-Tsubut wa al-Itsbat, karya Allamah Amini
- 'Idul Gadhir fi al-Islam wa at-Tatwij wa al-Qurbat Yaum al-Ghadir, karya Allamah Amini (buku leutik dina basa Arab)
- 'Idul Gadhir fi 'Ahd al-Fathimiyyin, karya Muhammad Hadi Amini: Karya ieu ngeunaan Idul Ghadir dina mangsa kakawasaan Dinasti Fatimiyah.[38]
- 'Idul Gadhir baina ats-Tsubut wa al-Itsbat, karya sayyid Adel Alawi
Catetan Handap
- ↑ «مهمانی ۱۰ کیلومتری به مناسبت عید غدیر - ۲» Kantor Berita Borna.
- ↑ Thusi, Tahdzib al-Ahkam, 1407 H, jilid 5, kaca 474; Thabari, Tarikh al-Umam wa al-Muluk, 1387 H, jilid 3, kaca 148.
- ↑ Zarqani, Syarhul al-Zarqani, 1417 H, jilid 4, kaca 141; Tari, "Tammuli dina Tarikh Wafat Nabi", kaca 3.
- ↑ Ya'qubi, Tarikh al-Ya'qubi, Dar Shadir, jilid 2, kaca 112.
- ↑ Ayazi, Tafsir Qur'an al-Majid, 1422 H, kaca 184; 'Ayasyi, Tafsir al-'Ayasyi, Maktabah 'Ilmiyah Islamiyah, jilid 1, kaca 332.
- ↑ Ibn Atsir, Usd al-Ghabah, 1409 H, jilid 3, kaca 605; Kulaini, al-Kafi, 1407 H, jilid 1, kaca 295; Baladzuri, Ansab al-Asyraf, 1417 H, jilid 2, kaca 110-111; Ibn Katsir, al-Bidayah wa al-Nihayah, 1407 H, jilid 7, kaca 349.
- ↑ Syekh Shaduq, al-Amali, Muassasah al-Ba'tsah, kaca 188.
- ↑ Hurr al-Amili, Wasail al-Syiah, 1416 H, jilid 10, kaca 443.
- ↑ Hurr al-Amili, Wasail al-Syiah, 1416 H, jilid 8, kaca 89.
- ↑ Thusi, Tahdzib al-Ahkam, 1365 S, jilid 6, kaca 24.
- ↑ An-Nashibi, Mathalib as-Suul, 1419 H, kaca 64.
- ↑ An-Nashibi, Mathalib as-Suul, 1419 H, kaca 79.
- ↑ Ibnu Khallikan, Wafayat al-A'yan, Dar Shadir, jilid 17 kaca 180.
- ↑ Sayyid Radhi, Khasha'is al-A'immah, 1406 H, kaca 42.
- ↑ Thusi, Mishbah al-Mutahajjid, 1411 H, jilid 2, kaca 752.
- ↑ Al-Mas'udi, at-Tanbih wa al-Isyraf, 1357 H, kaca 221.
- ↑ Al-Kulaini, al-Kafi, 1407 H, jilid 4, kaca 149.
- ↑ Ibnu Katsir, al-Bidayah wa an-Nihayah, 1408 H, jilid 11, kaca 276.
- ↑ Ibnu al-Jauzi, al-Muntazham fi Tarikh al-Umam wa al-Muluk, 1412 H, jilid 15, kaca 14.
- ↑ Gardizi, Zain al-Akhbar, 1363 S, kaca 466.
- ↑ Al-Amîni, Idul Gadhir fi 'Ahd al-Fathimiyyin, 1376 S, kaca 64-65.
- ↑ Nikzad Tehrani & Hamzah, "Tasyayyu' wa Tarikh Ijtima'i Iraniyan dar 'Ashr Shafawi", kaca 131.
- ↑ « لایحه قانونی تعیین تعطیلات رسمی کشور», Situs Web Pusat Penelitian Majelis Syura Islam.
- ↑ « موافقت پارلمان عراق با تعطیلی عید غدیر», Kantor Berita Mehr.
- ↑ «حال و هوای نجف اشرف در عید غدیر و تعطیلی ۱۰ استان عراق», Kantor Berita Tasnim.
- ↑ Ats-Tsa'labi, Tsamar al-Qulub, 1424 H, kaca 511.
- ↑ Al-Khathib al-Baghdadi, Tarikh Baghdad, Dar al-Kutub al-'Ilmiyah, jilid 8, kaca 284.
- ↑ Qummi, Mafatih al-Jinan, dina bagian amaliah Poé 18 Dzulhijjah.
- ↑ Asy-Syahid al-Awwal, al-Mazar, 1410 H, kaca 64.
- ↑ Qummi, Mafatih al-Jinan, dina bagian amaliah Poé 18 Dzulhijjah.
- ↑ Thusi, Tahdzib al-Ahkam, 1365 S, jilid 3, kaca 143.
- ↑ «عید سادات و سیادت در فرهنگ ایرانی», Javan Online.
- ↑ «برپایی سفرههای اطعام غدیر در مساجد استان زنجان», Kantor Berita Shabestan.
- ↑ Thusi, Mishbah al-Mutahajjid, 1411 H, jilid 2, kaca 758.
- ↑ Thusi, Mishbahul Mutahajjid, 1411 H, jilid 2, kaca 752.
- ↑ : Al-Burujardi, As-Sayyid Husain, Jami' Ahadits asy-Syiah, jilid 7, kaca 414. Syekh Abbas Qummi, Mafatih al-Jinan, Amalan Poé Idul Ghadir
- ↑ «احیای سنت غدیریِ عقد اخوت در پویش برادرانه», Kantor Berita Shabestan.
- ↑ Amini, Idul Gadhir fi 'Ahd al-Fathimiyyin, 1376 S, kaca 41.
Daptar Pustaka
- Ibn Atsir, Ali bin Muhammad, Usd al-Ghabah fi Ma'rifah as-Shahabah, Beirut, Dar al-Fikr, 1409 H.
- Ibn al-Jauzi, Abul Faraj, al-Muntazham fi Tarikh al-Umam wa al-Muluk, tahqiq Muhammad Abdul Qadir 'Atha, Beirut, Dar al-Kutub al-'Ilmiyah, cetakan pertama, 1412 H.
- Ibn Khallikan, Ahmad bin Muhammad, Wafayat al-A'yan, tahqiq Ihsan Abbas, Qum, asy-Syarif ar-Radhi, 1364 S.
- Ibn Katsir, Ismail bin Umar, al-Bidayah wa an-Nihayah, tanpa tempat, Dar al-Fikr, 1407 H.
- «احیای سنت غدیری عقد اخوت در پویش برادرانه», Kantor Berita Shabestan. Tanggal publikasi: 4 Mordad 1400 S, Tanggal aksés: 15 Khordad 1402 S.
- Al-Amîni, Abdul Husain, al-Ghadir fi al-Kitab wa as-Sunnah, Qum, Markaz al-Ghadir lil Dirasat al-Islamiyah, cetakan pertama, 1416 H.
- Al-Amîni, Muhammad Hadi, Idul Gadhir fi 'Ahd al-Fathimiyyin, Tehran, Muassasah al-Afaq, 1376 S/1417 H.
- Al-Ayazi, As-Sayyid Muhammad Ali, Tafsir al-Qur'an al-Majid al-Mustakhraj min Turats asy-Syaikh al-Mufid, Qum, Markaz Intisyarat Daftar Tablighat Islami, 1422 H.
- Al-Bahrani, Yusuf bin Ahmad, al-Hada'iq anNadhirah fi Ahkam al-'Itrah ath-Thahirah, tahqiq Muhammad Taqi Irawani, Qum, Muassasah anNasyr al-Islami at-Tabi'ah li Jama'ah al-Mudarrisin, tanpa tahun.
- Al-Baladzuri, Ahmad bin Yahya, Ansab al-Asyraf, tahqiq Suhail Zakar & Riyadh az-Zarkali, Beirut, Dar al-Fikr, 1417 H.
- «برپایی سفرههای اطعام غدیر در مساجد استان زنجان», Kantor Berita Shabestan, publikasi: 18 Tir 1401 S, diaksés: 19 Farvardin 1402 S.
- At-Tari, Jalil, "Tammuli bar Tarikh Wafat Nabi", Faslnamah Tarikh Islam, Qum, Universitas Baqir al-Ulum, 1379 S.
- Ats-Tsa'labi, Abdul Malik bin Muhammad, Tsamar al-Qulub fi al-Mudhaf wa al-Mansub, tahqiq Muhammad Abul Fadhl Ibrahim, Beirut, Maktabah al-'Ashriyah, 1424 H.
- «حال و هوای نجف اشرف در عید غدیر و تعطیلی ۱۰ استان عراق», Kantor Berita Tasnim, publikasi: 27 Tir 1401 S, diaksés: 19 Farvardin 1402 S.
- Al-Hurr al-Amili, Muhammad bin Hasan, Wasail asy-Syiah, Muassasah Al al-Bait li Ihya' at-Turats, Qum, 1416 H.
- Al-Khathib al-Baghdadi, Tarikh Baghdad, tahqiq Mustafa Abdul Qadir 'Atha, Dar al-Kutub al-'Ilmiyah, Beirut, tanpa tahun.
- Ar-Razqani, Muhammad bin Abdul Baqi, Syarh al-'Allamah az-Zarqani 'ala al-Mawahib al-Ladunniyah bil Minah al-Muhammadiyah, Beirut, Dar al-Kutub al-'Ilmiyah, 1417 H.
- Sayyid Ibn Thawus, Ali bin Musa, Iqbal al-A'mal, Markaz anNasyr at-Tabi' li Maktab al-I'lam al-Islami, Qum, 1377 S.
- Sayyid ar-Radhi, Muhammad bin Husain, Khasha'is al-A'immah, Masyhad, Astan Quds Radhawi, Majma' al-Buhuts al-Islamiyah, 1406 H.
- Asy-Syahid al-Awwal, Muhammad bin Makki, al-Mazar, disunting oleh Sayyid Muhammad Baqir Muwahid Abthahi, Qum, Muassasah al-Imam al-Mahdi (aj), 1410 H.
- Asy-Syaikh ash-Shaduq, Muhammad bin Ali, al-Amali, Muassasah al-Ba'tsah.
- Ath-Thusi, Muhammad bin Hasan, Tahdzib al-Ahkam, Sayyid Hasan Musawi Khurasan, Tehran, Dar al-Kutub al-Islamiyah.
- Ath-Thusi, Muhammad bin Hasan, Mishbah al-Mutahajjid wa Silah al-Muta'abbid, Muassasah Fiqh asy-Syiah, cetakan pertama, 1411 H.
- Al-'Ayasyi, Muhammad bin Mas'ud, Tafsir al-'Ayasyi, tahqiq Rasululi Mahallati, Tehran, Maktabah 'Ilmiyah Islamiyah, tanpa tahun.
- Al-Qummi, Mafatih al-Jinan.
- Al-Kulaini, Muhammad bin Ya'qub, al-Kafi, disunting oleh Ali Akbar Ghaffari, Dar al-Kutub al-Islamiyah, Tehran, 1407 H.
- Al-Gardizi, Abu SaId, Zain al-Akhbar, Tehran, Dunya-ye Kitab, cetakan pertama, 1363 S.
- «لایحه قانونی تعیین تعطیلات رسمی کشور», Situs Web Pusat Penelitian Majelis Syura Islam, diaksés: 19 Farvardin 1402 S.
- "Rancangan Undang-Undang Penetapan Hari Libur Nasional", Situs Web Pusat Penelitian Majelis Syura Islam, Tanggal aksés: 6 Mordad 1400 S.
- Al-Mas'udi, Ali bin Husain, at-Tanbih wa al-Isyraf, Dar as-Shawi, Kairo, 1357 H.
- "«مهمانی ۱۰ کیلومتری به مناسبت عید غدیر - ۲», Kantor Berita Borna, publikasi: 27 Tir 1401 S, diaksés: 19 Farvardin 1402 S.
- «موافقت پارلمان عراق با تعطیلی عید غدیر», Kantor Berita Mehr, Tanggal publikasi: 2 Khordad 1403 S.
- An-Nashibi, Muhammad bin Thalhah, Mathalib as-Suul fi Manaqib Al ar-Rasul, tahqiq Abdul Aziz Thabathaba'i, Beirut, Muassasah al-Balagh, 1419 H/1999 M.
- Nikzad Tehrani, Ali Akbar & Husain Hamzah, "Tasyayyu' wa Tarikh Ijtima'i Iraniyan dar 'Ashr Shafawi", Syiah Pazhuhisy, Numéro 6, Spring 1395 S.
- Al-Ya'qubi, Ahmad bin Abi Ya'qub, Tarikh al-Ya'qubi, Beirut, Dar Shadir, tanpa tahun.