Lompat ke isi

Ayat Wilayah

Ti wikishia

Ayat Wilayah (Al-Maidah: 55) ngébréhkeun ngeunaan wilayah jeung kapamingpinan Allah, Nabi Muhammad SAW, jeung jalma-jalma mukmin anu nyadékah dina kaayaan rukuk dina salat. Numutkeun para ahli tafsir Syiah jeung Ahlus Sunnah, latar turunna ayat ieu nyaéta sadékah anu dipasihkeun ku Ali bin Abi Thalib AS bari aya dina kaayaan rukuk salat. Ku kituna, urang Syiah ngajadikeun ayat ieu dalil pikeun ngabuktikeun wilayah jeung kapamingpinan Ali bin Abi Thalib AS sanggeus Nabi, sarta nganggap ayat ieu minangka dalil anu paling kuat pikeun ngabuktikeun imamah jeung khilafah Imam Ali AS.

Para ulama Ahlus Sunnah ngartikeun kecap "wali»" hartina "sobat" jeung henteu narima pamakéan ayat ieu ku urang Syiah pikeun ngabuktikeun wilayah Imam Ali AS. Sabalikna, para ulama Syiah nyatakeun yén tina Asbabun Nuzul (latar turunna) ayat jeung kanyataan yén aya hiji jalma anu dimaksud, nunjukkeun yén kecap "wali" dina ayat ieu lain hartina "sobat", tapi hartina nyaéta wilayah atawa kapamingpinan.

Ayat ieu dibahas dina buku-buku tafsir, kalam, jeung fiqih. Para faqih nyimpulkeun sababaraha hukum tina ayat ieu, di antarana nyaéta yén gerakan leutik tambahan henteu ngabatalkeun salat.

Ngabuktikeun Wilayah Imam Ali AS ku Nyokot Ayat ieu

Ayat 55 Surah Al-Maidah anu kasohor jadi Ayat Wilayah,[1] mangrupa salah sahiji dalil anu dipaké ku urang Syiah pikeun ngabuktikeun wilayah Imam Ali AS jeung jadi panerusna Nabi Muhammad SAW.[2] Malah sabagian nganggap ayat ieu dalil anu paling kuat pikeun nunjukkeun imamah Imam Ali.[3] Numutkeun kana eusina ayat ieu, hak pamingpin (wilayah) pikeun umat ngan aya di tangan Allah, Rasulullah SAW, jeung jalma-jalma mukmin anu marek zakat bari aya dina kaayaan rukuk dina salat.[4] Sarta dumasar latar turunna ayat ieu, hiji-hijina jalma anu dimaksud anu nyadékah dina kaayaan rukuk nyaéta Imam Ali AS.[5]

Numutkeun para ulama Syiah, ayat ieu dimimitian ku kecap "اِنّما(innama)" (hartina ngan/ngawungkul). Dina basa Arab, lamun hiji kalimah dimimitian ku "اِنّما", éta hartina eusi kalimah éta ngan ukur aya dina hal anu disebutkeun wungkul;[6] nyaéta dina ayat ieu, wilayah ngan aya dina Allah, Rasulullah SAW, jeung jalma-jalma anu méré zakat bari aya dina kaayaan rukuk.[7]

إِنّما وَلیُّکُمُ اللهُ و رَسولُهُ والَّذینَ ءَامَنوا الَّذینَ یُقِیمُونَ الصَّلوةَ و یُؤتُونَ الزَّکوة و هُم راکِعونَ

Pamingpin (wali) maranéh téh ngan ukur Allah, Rasul, jeung jalma-jalma mukmin anu ngadegkeun salat, jeung mare’an zakat bari aya dina kaayaan rukuk.

Para imam Syiah sok ngajadikeun ayat ieu dalil pikeun ngabuktikeun imamah jeung kawajiban nutur para washi (wali) Allah. Di antarana: Imam Ali AS, [8] imam Hasan AS,[9] Imam Sajjad AS,[10] imam Muhammad Al-Baqir AS,[11] Imam Ja'far As-Shadiq AS,[12] Imam Ali Ar-Ridha AS,[13] Imam Ali Al-Hadi AS, jeung imam Hasan Al-Askari AS[14]

Ayat ieu anu turun ngeunaan kajadian dipasihkeunna cincin, mangrupa salah sahiji tina Kaunggulan Imam Ali AS anu disebatkeun di dina Al-Qur'an. Asy-Syekh Ath-Thusi[15], Syekh Thabarsi[16], Muhammad bin Jarir ath-Thabari Asy-Syi'i,[17] jeung sababaraha ulama Syiah lianna nyaritakeun yén Imam Ali AS dina Musyawarah Genep Urang, pikeun ngabuktikeun kabeneran hakna, nyebutkeun latar turunna ayat ieu ngeunaan dirina.

Ayat ieu dibahas dina buku-buku ilmu téologi,[18] tafsir,[19] jeung fiqih.[20]

Tingali ogé: Wilayah Imam Ali AS

Asbabun Nuzul (Latar Turunna)

Artikel Utama: Masihan Cincin

Para mufassir (ahli tafsir) Syiah[21] nyebutkeun yén anu jadi latar turunna ayat ieu nyaéta nalika Imam Ali AS méré sadékah ka urang faqir bari keur ngalaksanakeun salat. Para mufassir Sunni ogé nyaritakeun pandangan anu sarua ti imam Muhammad Al-Baqir AS, Mujahid bin Jabr, as-Suddi, jeung 'Utbah bin Hakim.[22] Numutkeun riwayat, hiji poé aya urang faqir asup ka Masjid Nabi SAW sarta ménta pitulung; tapi teu aya anu méré naon-naon. Anjeunna angkat leungeunna ka langit sarta ngadoa, "Ya Allah, jantenkeun saksi yén kuring di masjid Rasul-Mu ménta pitulung, tapi teu aya anu méré kuring nanaon." Dina waktos éta, Imam Ali AS anu keur aya dina kaayaan rukuk, nunjuk kana cincin anu aya dina ramo. Urang faqir éta ngacaketan teras nyokot cincin tina ramo Imam Ali, sarta ayat ieu turun.[23] Syekh Mufid nyebutkeun yén kajadian jeung turunna Ayat Wilayah ieu lumangsung dina 24 Dzulhijjah.[24]

Validitas Riwayat Asbabun Nuzul

Allamah Ath-Thabathaba'i:

"Upami seueur riwayat ngeunaan sabab nuzul ayat ieu ditingali, maka kedah lirén sakumna tafsir Al-Qur'an sacara total; kumargi upami urang henteu percaya kana seueur riwayat ieu, kumaha urang tiasa percaya kana hiji atanapi dua riwayat anu disebatkeun dina nafsirkeun ayat-ayat Al-Qur'an anu sanés?"

Ath-Thabathaba'i, Al-Mizan, 1390 H, jilid 6, kaca 8.

Jalaluddin as-Suyuthi, saatos nyaritakeun sababaraha sanad tina riwayat anu ngabuktikeun yén ayat ieu turun pikeun ngahormatan Imam Ali AS, ngagunakeun kaidah ilmu rijal 'یقوی بعضها بعضا' (saling nguatkeun), sareng nyarios yén "bukti-bukti ieu silih nguatkeun" sareng nampi yén ayat ieu turun ngeunaan Ali bin Abi Thalib.[25]

Riwayat ngeunaan asbabun nuzul Ayat Wilayah dicaritakeun ti Imam Ali bin Abi Thalib AS[26] ogé ti para sahabat sapertos Ibnu Abbas,[27] Ammar,[28] Abu Dzar,[29] Abdullah bin Salam,[30] Jabir bin Abdullah al-Anshari, [31] Miqdad bin al-Aswad, [32] Anas bin Malik,[33] Abu Rafi' al-Madani[34] jeung sajumlah tabi'in di antarana: 'Utbah bin Hakim,[35] Mujahid bin Jabr,[36] Salamah bin Kuhail,[37] Muhammad al-Hanafiyah, [38] 'Atha' bin as-Sa'ib, [39] Abdul Aziz bin Juraij, [40]

Numutkeun Syihabuddin al-Alusi, salah sahiji mufassir Ahlus Sunnah, tina sudut pandang mayoritas ahli hadis Sunni, ayat ieu turun pikeun ngahormatan Imam Ali AS.[41] Sanajan kitu, Ibnu Taimiyyah,[42] Ibnu Katsir[43] jeung Fakhrur Razi[44] nganggap hadis ngeunaan ayat ieu lemah. Salian ti éta, dina sababaraha tafsir Ahlus Sunnah, ngeunaan saha ayat ieu turun, aya opat pendapat anu diungkabkeun: Imam Ali AS, 'Ubadah bin ash-Shamit, Abu Bakar bin Abi Quhafah, jeung sadaya urang [Muslim]].[45]

Ibnu Syu'bah al-Harrani dina bukuna Tuhaf al-'Uqul, nganggap hadis-hadis ngeunaan asbabun nuzul Ayat Wilayah salaku hadis shahih jeung bagian tina riwayat-riwayat anu para ulama ngabogaan [[ijma'] (konsensus) ngeunaan éta.[46] Numutkeun Allamah Thabathaba'i dina tafsir Al-Mizan, riwayat-riwayat asbabun nuzul ayat ieu saluyu jeung Al-Qur'an.[47] Numutkeun Anjeunna, para ahli tafsir jeung hadis ageung geus nyaritakeun hadis-hadis ieu sareng henteu ngabantah éta, tapi sabagian sapertos Ibnu Taimiyyah anu parantos ngabantah, parantos ngalegaan pikasieuneun (permusuhan) nepi ka tingkat anu paling luhur.[48]

Prasasti batu ti abad ka-6 Hijriah, anu aya hubunganana sareng tapak suku Imam Ridha AS di kota Yazd anu disimpen di Museum Astan Quds Radhawi (Kompleks Suci Razavi). Ayat Wilayah dipahat di pinggiran karyana.

Bédana Harti 'Wali' dina Pandangan Syiah jeung Sunni

Bédana pandangan antara Syiah jeung Sunni ngeunaan harti "wali" nyababkeun sawala (béda pendapat) dina nafsirkeun Ayat Wilayah; Seueur ulama Ahlus Sunnah nampi yén ayat ieu turun pikeun ngahormatan Imam Ali AS; tapi numutkeun aranjeunna, kecap "wali" hartina "sobat jeung "panolong", lain "pamingpin".[49] Sabalikna, ulama Syiah ngartikeun kecap "wali" minangka "pamingpin" jeung "anu boga wewenang".[50] Numutkeun Makarim Syirazi, "sobat" téh lain ngan ukur pikeun jalma-jalma anu méré zakat dina kaayaan rukuk; tapi éta téh hukumna umum, sadaya umat islam kedah silih nyaah jeung silih tulungan. Sedengkeun numutkeun asbabun nuzul ayat, hiji-hijina jalma anu dimaksud ku "wali" dina ayat ieu nyaéta Imam Ali. Ku alatan éta, "wali" dina ayat ieu hartina wilayah atawa kapamingpinan; hususna yén wilayah ieu aya dina jajaran wilayah Rasulullah SAW jeung Allah.[51]

Pamakéan Fiqih tina Ayat ieu

  • Salat Teu Batal Ku Gerakan Leutik: Sababaraha ahli fiqih Syiah ngagunakeun conto dibérékeunna cincin ku Imam Ali AS bari keur rukuk dina salat pikeun ngabuktikeun yén gerakan leutik tambahan lain ngabatalkeun salat.[52] Diantara ahli tafsir jeung ahli fiqih Sunni anu ogé nyokot harti anu sarua tina ayat ieu nyaéta Fakhruddin ar-Razi,[53] Abul Barakat an-Nasafi,[54] Abu Abdullah al-Qurthubi[55], Nashiruddin al-Baidhawi[56] jeung Abu Bakar al-Jashshash.[57]
  • Cakupan zakat ka Sadékah Sunnah: Dina ayat ieu, méré cincin disebutkeun minangka zakat; ku alatan éta, sababaraha faqih nyimpulkeun yén zakat ngawengku sadékah sunnah ogé.[58]
  • Sababaraha faqih ngagunakeun ayat ieu pikeun ngabuktikeun yén niat mangrupa amalan haté teu kudu diucapkeun, ngajadikeun ayat ieu dalil.[59]
  • Teu aya kontradiksi antara nyadékah dina sholat jeung khusyuk: Numutkeun Allamah Majlisi, perhatian ka ibadah séjénna dina salat teu kontradiksi jeung kasampurnaan salat sareng khusyukna.[60] Ogé disebutkeun yén duanana, salat jeung infaq (sadékah) Imam Ali, dilakukeun alatan Allah. Ku kituna, teu aya kontradiksi lamun imam dina salat ngadéngé sora urang faqir teras méré sadékah alatan Allah.[61] Numutkeun hiji riwayat dina 'Ilal asy-Syara'i', Rasulullah SAW ogé, nalika dina salat ngadéngé sora tangis orok, ngaréngsékeun salatna langkung téréh ti biasana sangkan indung orok éta ngadatangan anakna.[62]

Tumbu Tutumbu nu Patali

Catetan Handap

  1. Syarafuluddin, Al-Maraja'at, 1426 H, kaca 309.
  2. Asy-Syekh Al-Mufid, Al-Ifshah fil Imamah, Al-Mu'tamar Al-'Alami li Alfiyah Asy-Syekh Al-Mufid, kaca 134; Ath-Thusi, At-Tibyan, Dar Ihya' At-Turats Al-'Arabi, jilid 3, kaca 559.
  3. Ath-Thusi, Talkhis asy-Syafi, 1382 HS, jilid 2, kaca 10.
  4. Makarim Syirazi, Tafsir Nemuneh, 1374 HS, jilid 4, kaca 423-424.
  5. Asy-Syusytari, Ihqaq al-Haq, 1409 H, jilid 2, kaca 400; Al-Hakim al-Haskani, Syawahid at-Tanzil, 1411 H, jilid 1, kaca 209-239.
  6. Ibnu Hisyam, Mughni al-Labib, 1410 H, jilid 1, kaca 39.
  7. As-Sayyid Al-Murtada, Az-Zakhirah, 1431 H, kaca 439.
  8. Asy-Syekh Ash-Shaduq, Muhammad bin Ali, Kamal ad-Din wa Tamam an-Ni'mah, 1405 H, kaca 274- 277.
  9. Ibnu Buthriq, Khasa'is al-Wahy al-Mubin, 1417 H, kaca 72-83.
  10. Al-Kulaini, Al-Kafi, 1407 H, jilid 1, kaca 427.
  11. Al-Kulaini, Al-Kafi, 1407 H, jilid 1, kaca 289.
  12. Al-Kulaini, Al-Kafi, 1407 H, jilid 2, kaca 513-514.
  13. Asy-Syekh Ash-Shaduq, Muhammad bin Ali, 'Uyun Akhbar ar-Ridha 'alayhis salam, 1404 H, jilid 2, kaca 207-215
  14. Al-Masyhadi, Al-Mazar al-Kabir, 1419 H, kaca 272.
  15. Asy-Syekh Thusi, Al-Amali, 1414 H, kaca 549.
  16. Ath-Thabarsi, Al-Ihtijaj 'ala Ahl al-Lajaj, jilid 1, kaca 202.
  17. Ath-Thabari, Al-Mustarsyid, 1415 H, kaca 353.
  18. Contona, tingali As-Sayyid Al-Murtada, Az-Zakhirah, 1431 H, kaca 439.
  19. Contona, tingali Al-Mizan, 1390 H, jilid 6, kaca 8.
  20. Contona, tingali Al-Fadhil Al-Miqdad, Kanz al-'Irfan, 1425 H, jilid 1, kaca 158.
  21. Contona, tingali Ath-Thabarsi, Majma' al-Bayan, 1372 HS, jilid 3, kaca 324; Ath-Thusi, At-Tibyan, Dar Ihya' At-Turats Al-'Arabi, jilid 3, kaca 558–559; Al-Faidh al-Kasyani, Tafsir ash-Shafi, 1415 H, jilid 2, kaca 44; Ath-Thabathaba'i, Al-Mizan, 1390 H, jilid 6, kaca 8.
  22. Al-Jashshas, Ahkam al-Qur'an, 1405 H, jilid 4, kaca 102
  23. Al-Hakim al-Haskani, Syawahid at-Tanzil, 1411 H, jilid 1, kaca 209-239; Al-Qommi, Tafsir al-Qommi, 1404 H, jilid 1, kaca 170; Al-'Ayyasyi, Tafsir al-'Ayyasyi, 1380 H, jilid 1, kaca 327, no.137.
  24. Asy-Syekh Al-Mufid, Masar asy-Syi'ah, 1414 H, kaca 41.
  25. As-Suyuthi, Lubab an-Nuqul, Dar Ihya' al-'Ulum, jilid 1, kaca 93.
  26. Al-Hakim an-Naisaburi, Ma'rifat 'Ulum al-hadis, 1397 H, jilid 1, kaca 102
  27. Al-Baladzuri, Jumal min Ansab al-Asyraf, 1417 H, jilid 2, kaca 150; Fakhrur Razi, At-Tafsir al-Kabir, 1420 H, jilid 12, kaca 383.
  28. Ath-Thabarani, Al-Mu'jam al-Ausath, Dar al-Haramain, jilid 6, kaca 218.
  29. Fakhrur Razi, At-Tafsir al-Kabir, 1420 H, jilid 12, kaca 383.
  30. Ath-Thabari, Ar-Riyadh an-Nadlrah fi Manaqib al-'Asyrah, Dar al-Kutub al-'Ilmiyyah, jilid 3, kaca 208.
  31. Al-Hakim al-Haskani, Syawahid at-Tanzil, 1411 H, jilid 1, kaca 243.
  32. Al-Hakim al-Haskani, Syawahid at-Tanzil, 1411 H, jilid 1, kaca 210.
  33. Al-Hakim al-Haskani, Syawahid at-Tanzil, 1411 H, jilid 1, kaca 225.
  34. Ath-Thabarani, Al-Mu'jam al-Kabir, t.t., jilid 1, kaca 320-321, no.955.
  35. Ath-Thabari, Jami' al-Bayan fi Ta'wil al-Qur'an, 1420 H, jilid 10, kaca 426; Ibnu Abi Hatim, Tafsir al-Qur'an al-'Azhim, 1419 H, jilid 4, kaca 1162.
  36. Ath-Thabari, Jami' al-Bayan fi Ta'wil al-Qur'an, 1420 H, jilid 10, kaca 426.
  37. Ibnu Abi Hatim, Tafsir al-Qur'an al-'Azhim, 1419 H, jilid 4, kaca 1162.
  38. Al-Hakim al-Haskani, Syawahid at-Tanzil, 1411 H, jilid 1, kaca 208.
  39. Al-Hakim al-Haskani, Syawahid at-Tanzil, 1411 H, jilid 1, kaca 208.
  40. Al-Hakim al-Haskani, Syawahid at-Tanzil, 1411 H, jilid 1, kaca 208.
  41. Al-Alusi, Ruh al-Ma'ani fi Tafsir al-Qur'an al-'Azhim was Sab' al-Matsani, 1415 H, jilid 3, kaca 352.
  42. Ibnu Taimiyyah, Minhaj as-Sunnah, 1406 H, jilid 7, kaca 9-7.
  43. Ibnu Katsir, Tafsir al-Qur'an al-'Azhim, Dar al-Kutub al-'Ilmiyyah, jilid 3, kaca 125-127.
  44. Fakhrur Razi, At-Tafsir al-Kabir, 1420 H, jilid 12, kaca 383-385.
  45. Ibnu al-Jauzi, Zad al-Masir, Dar al-Kitab al-'Arabi, jilid 1, kaca 561.
  46. Ibnu Syu'bah al-Harrani, Tuhaf al-'Uqul, 1404 H, kaca 459.
  47. Ath-Thabathaba'i, Al-Mizan, 1390 H, jilid 6, kaca 20.
  48. Ath-Thabathaba'i, Al-Mizan, 1390 H, jilid 6, kaca 25.
  49. Al-Iji, Al-Mawaqif, 'Alam al-Kutub, jilid 1, kaca 405.
  50. Tingali Ath-Thabathaba'i, Al-Mizan, 1390 H, jilid 6, kaca 8; Al-Fayyumi, Al-Mishbah al-Munir, 1414 H, jilid 2, kaca 672; Asy-Syusytari, Ihqaq al-Haq, 1409 H, jilid 2, kaca 408.
  51. Makarim, Tafsir Nemuneh, 1374 HS, jilid 4, kaca 423.
  52. Ar-Rawandi, Fiqh al-Qur'an, 1405 H, jilid 1, kaca 116; Al-Fadhil Al-Miqdad, Kanz al-'Irfan, 1425 H, jilid 1, kaca 158.
  53. Fakhrur Razi, At-Tafsir al-Kabir, 1420 H, jilid 6, kaca 93.
  54. An-Nasafi, Madarik at-Tanzil wa Haqa'iq at-Ta'wil, 1419 H, jilid 1, kaca 456.
  55. Al-Qurthubi, Al-Jami' li Ahkam al-Qur'an, 1384 H, jilid 6, kaca 221.
  56. Al-Baidawi, Anwar at-Tanzil wa Asrar at-Ta'wil, 1418 H, jilid 2, kaca 132.
  57. Al-Jashshas, Ahkam al-Qur'an, 1405 H, jilid 4, kaca 102.
  58. Al-Fadhil Al-Miqdad, Kanz al-'Irfan, 1425 H, jilid 1, kaca 158.
  59. Al-Majlisi, Bihar al-Anwar, 1403 H, jilid 81, kaca 281.
  60. Al-Majlisi, Bihar al-Anwar, 1403 H, jilid 81, kaca 281.
  61. Ath-Thabasi, "Nisyan Wilayah wa Jarayan Khatim Bakhsyi", kaca 49.
  62. Ash-Shaduq, 'Ilal asy-Syara'i', Mansyurat al-Maktabah al-Haidariyah wa Mathba'atuha fi an-Najaf, jilid 2, kaca 344.

Daptar Pustaka

  • Al-Alusi, As-Sayyid Mahmud, Ruh al-Ma'ani fi Tafsir al-Qur'an al-'Azim was Sab' al-Matsani, ditaliti ku: 'Ali 'Abd al-Bari 'Athiyyah, Beirut, Dar al-Kutub al-'Ilmiyyah, cetakan kahiji, 1415 H.
  • Ibnu Buthriq, Yahya bin Hasan, Khasa'is al-Wahy al-Mubin, ditaliti ku: Syekh Malik Mahmudi, Qom, Dar al-Qur'an al-Karim, cetakan kahiji, 1417 H.
  • Ibnu Taimiyyah, Ahmad bin 'Abd al-Halim, Minhaj as-Sunnah an-Nabawiyyah fi Naqd Kalam asy-Syi'ah, ditaliti ku Rasyad Salim, Riyadh, Jami'ah al-Imam Muhammad bin Su'ud al-Islamiyyah, 1406 H.
  • Ibnu al-Jauzi, 'Abd ar-Rahman bin 'Ali, Zad al-Masir fi 'Ilm at-Tafsir, ditaliti ku 'Abd ar-Razzaq Mahdi, Beirut, Dar al-Kitab al-'Arabi, t.t.
  • Ibnu Syu'bah al-Harrani, Hasan bin 'Ali, Tuhaf al-'Uqul, dirévisi jeung ditaliti ku 'Ali Akbar Ghaffari, Qom, Jami'ah al-Mudarrisin, cetakan kadua, 1404 H.
  • Ibnu Katsir, Isma'il bin 'Umar, Tafsir al-Qur'an al-'Azim, ditaliti ku Muhammad Husain Syams ad-Din, Beirut, Dar al-Kutub al-'Ilmiyyah, t.t.
  • Ibnu Hisyam, 'Abdullah bin Yusuf, Mughni al-Labib 'an Kutub al-A'arib, ditaliti ku Muhammad Muhyi ad-Din 'Abd al-Hamid, Qom, Maktabah Ayatillah al-Mar'asyi, 1410 H.
  • Al-Iji, 'Abd ar-Rahman, Al-Mawaqif fi 'Ilm al-Kalam, Beirut, 'Alam al-Kutub, t.t.
  • Al-Baladzuri, Ahmad bin Yahya, Jumal min Ansab al-Asyraf, ditaliti ku: Suhail Zakar wa Riyad az-Zirikli, Beirut, Dar al-Fikr, cetakan kahiji, 1417 H - 1996 M.
  • Al-Baidawi, 'Abdullah bin 'Umar, Anwar at-Tanzil wa Asrar at-Ta'wil, ditaliti ku: Muhammad 'Abd ar-Rahman al-Mar'asyili, Beirut, Dar Ihya' at-Turas al-'Arabi, cetakan kahiji, 1418 H.
  • Al-Jashshas, Ahmad bin 'Ali, Ahkam al-Qur'an, ditaliti ku: Muhammad as-Shadiq Qamhawi, Beirut, Dar Ihya' at-Turas al-'Arabi, cetakan kahiji, 1405 H.
  • Al-Hakim al-Haskani, 'Ubaidullah, Syawahid at-Tanzil li Qawa'id at-Tafdil, ditaliti ku Muhammad Baqir al-Mahmudi, Qom, Majma' Ihya' as-Saqafah al-Islamiyyah, cetakan kadua, 1411 H.
  • Al-Hakim an-Naisaburi, Ma'rifat 'Ulum al-Hadis, ditaliti ku: As-Sayyid Mu'azzam Husain, Beirut, Dar al-Kutub al-'Ilmiyyah, cetakan kadua, 1397 H-1977 M.
  • Ar-Rawandi, Sa'id bin Hibatillah, Fiqh al-Qur'an, ditaliti ku As-Sayyid Ahmad Husaini, Qom, Maktabah Ayatillah al-Mar'asyi, cetakan kahiji, 1405 H.
  • As-Sayyid al-Murtada, 'Ali bin Husain, Az-Zakhirah fi 'Ilm al-Kalam, ditaliti ku As-Sayyid Ahmad Husaini, Qom, Mu'assasah an-Nasyr al-Islami, 1431 H.
  • As-Suyuthi, 'Abd ar-Rahman bin Abi Bakr, Ad-Durr al-Mantsur fi at-Tafsir bil Ma'tsur, Beirut, Dar al-Fikr, 1403 H.
  • As-Suyuthi, 'Abd ar-Rahman bin Abi Bakr, Lubab an-Nuqul, Beirut, Dar Ihya' al-'Ulum, t.t.
  • Syaraf ad-Din, 'Abd al-Husain, Al-Maraja'at, Qom, Al-Majma' al-'Alami li Ahl al-Bait AS, 1426 H.
  • Asy-Syusytari, Nurullah bin Syaraf ad-Din, Ihqaq al-Haq wa Izhaq al-Batil, Qom, Maktabah Ayatillah al-Mar'asyi, 1409 H.
  • Asy-Syekh as-Shaduq, Muhammad bin 'Ali, 'Ilal asy-Syara'i', pangantar ku As-Sayyid Muhammad Shadiq Bahr al-'Ulum, Qom, Maktabah ad-Dawari, t.t.
  • Asy-Syekh as-Shaduq, Muhammad bin 'Ali, 'Uyun Akhbar ar-Rida 'alayhis salam, ditaliti ku: Syekh Husain al-A'lami, Beirut, Mu'assasah al-A'lami lil Mathbu'at, 1404 H - 1984 M.
  • Asy-Syekh as-Shaduq, Muhammad bin 'Ali, Kamal ad-Din wa Tamam an-Ni'mah, ditaliti ku 'Ali Akbar Ghaffari, Qom, Mu'assasah an-Nasyr al-Islami, 1405 H - 1363 HS.
  • Asy-Syekh al-Mufid, Muhammad bin Muhammad, Al-Ifshah fi al-Imamah, Qom, Al-Mu'tamar al-'Alami li Alfiyah Asy-Syekh Al-Mufid, t.t.
  • Asy-Syekh al-Mufid, Muhammad bin Muhammad, Masar asy-Syi'ah, Beirut, Dar al-Mufid, 1414 H/1993 M.
  • Ath-Thabathaba'i, As-Sayyid Muhammad Husain, Al-Mizan fi Tafsir al-Qur'an, Beirut, Mu'assasah al-A'lami lil Mathbu'at, cetakan kadua, 1390 H.
  • Ath-Thabarani, Sulaiman bin Ahmad, Al-Mu'jam al-Ausath, ditaliti ku: Tariq bin 'Awadh Allah bin Muhammad wa 'Abd al-Muhsin bin Ibrahim al-Husaini, Kairo, Dar al-Haramain, t.t.
  • Ath-Thabarani, Sulaiman bin Ahmad, Al-Mu'jam al-Kabir, ditaliti ku Hamdi 'Abd al-Majid as-Salafi, Beirut, Dar Ihya' at-Turas, cetakan kadua, t.t.
  • Ath-Thabarsi, Ahmad bin 'Ali, Al-Ihtijaj 'ala Ahl al-Lajaj, ditaliti ku: As-Sayyid Muhammad Baqir Khursan, Najaf, Dar an-Nu'man, 1386 H - 1966 M.
  • Ath-Thabarsi, Fadl bin Hasan, Majma' al-Bayan fi Tafsir al-Qur'an, dirévisi ku Fadlullah Yazdi Thabathaba'i wa Hasyim Rasuli, Teheran, Nasir Khusru, cetakan katilu, 1372 HS.
  • Ath-Thabari, Ahmad bin 'Abdillah, Ar-Riyadh an-Nadlrah fi Manaqib al-'Asyrah, Beirut, Dar al-Kutub al-'Ilmiyyah, cetakan kadua, t.t.
  • Ath-Thabari, Muhammad bin Jarir, Al-Mustarsyid fi Imamah 'Ali bin Abi Thalib AS, dirévisi ku: Ahmad Mahmudi, Qom, Kusyanpur, cetakan kahiji, 1415 H.
  • Ath-Thabari, Muhammad bin Jarir, Jami' al-Bayan fi Ta'wil al-Qur'an, ditaliti ku: Ahmad Muhammad Syakir, Beirut, Mu'assasah ar-Risalah, cetakan kahiji, 1420 H - 2000 M.
  • Ath-Thabasi, Muhammad Jawad, «نشان ولایت و جریان خاتم‌بخشی», Farhang Kautsar, no.48, Esfand 1379 HS.
  • Ath-Thusi, Muhammad bin Hasan, Al-Amali, Qom, Dar as-Saqafah, cetakan kahiji, 1414 H.
  • Ath-Thusi, Muhammad bin Hasan, At-Tibyan fi Tafsir al-Qur'an, ditaliti ku Ahmad Habib 'Amili, Beirut, Dar Ihya' at-Turas al-'Arabi, t.t.
  • Ath-Thusi, Muhammad bin Hasan, Talkhis asy-Syafi, Qom, Intisyarat al-Muhibbin, 1382 HS.
  • Al-'Ayyasyi, Muhammad bin Mas'ud, Tafsir al-'Ayyasyi, ditaliti ku: Hasyim Rasuli, Teheran, Maktabah al-'Ilmiyyah al-Islamiyyah, cetakan kahiji, 1380 H.
  • Al-Fadhil Al-Miqdad, Miqdad bin 'Abdillah, Kanz al-'Irfan fi Fiqh al-Qur'an, Qom, Intisyarat Murtadawi, 1425 H.
  • Fakhr ar-Razi, Muhammad bin 'Umar, At-Tafsir al-Kabir aw Mafatih al-Ghaib, Beirut, Dar Ihya' at-Turas al-'Arabi, cetakan katilu, 1420 H.
  • Fakhr ar-Razi, Muhammad bin 'Umar, At-Tafsir al-Kabir, Beirut, Dar Ihya' at-Turas al-'Arabi, cetakan katilu, 1420 H.
  • Al-Faidh al-Kasyani, Muhammad bin Syah Murtada, Tafsir ash-Shafi, pangantar jeung dirévisi ku: Husain A'lami, Teheran, Maktabah as-Shadr, cetakan kadua, 1415 H.
  • Al-Fayyumi, Ahmad bin Muhammad, Al-Mishbah al-Munir, Qom, Mu'assasah Dar al-Hijrah, 1414 H.
  • Al-Qurthubi, Muhammad bin Ahmad, Al-Jami' li Ahkam al-Qur'an, ditaliti ku: Ahmad al-Barduni wa Ibrahim Athfisy, Kairo, Dar al-Kutub al-Mishriyyah, cetakan kadua, 1384 H - 1964 M.
  • Al-Qommi, 'Ali bin Ibrahim, Tafsir al-Qommi, dirévisi jeung ditaliti ku: Tayyib Musawi al-Jaza'iri, Qom, Dar al-Kitab, cetakan katilu, 1404 H.
  • Al-Kulaini, Muhammad bin Ya'qub, Al-Kafi, dirévisi ku 'Ali Akbar Ghaffari wa Muhammad Akhundi, Teheran, Dar al-Kutub al-Islamiyyah, 1407 H.
  • Al-Majlisi, Muhammad Baqir bin Muhammad Taqi, Bihar al-Anwar, ditaliti ku 'Ali Akbar Ghaffari jeung nu lianna, Beirut, Dar Ihya' at-Turas al-'Arabi, 1386 HS/1403 H.
  • Al-Masyhadi, Muhammad bin Ja'far, Al-Mazar al-Kabir, ditaliti ku: Jawad Qayyumi al-Isfahani, Qom, Nasyr al-Qayyum, cetakan kahiji, 1419 H.
  • Makarim Syirazi, Nasir, Tafsir Nemuneh, Qom, Daftar Tablighat Islami, 1374 HS.
  • An-Nasafi, 'Abdullah bin Ahmad, Madarik at-Tanzil wa Haqa'iq at-Ta'wil, ditaliti ku: Yusuf 'Ali Badiwi, Beirut, Dar al-Kalim ath-Thayyib, cetakan kahiji, 1419 H - 1998 M.

Tumbu ka Luar